Denting Waktu di Kota Kembang
Di Kota Kembang, tepatna di jalan Braga anu masih kénéh katingali romantis ku lampu jalan jeung café-café retro, aya hiji toko jam nu unik pisan. Toko leutik ieu dingaranan “Sekardjati Horlogemakerij”, sarta tos langkung ti opat puluh taun diurus ku hiji rama sepuh, L. Wiryadinata Sekarjati.
Toko ieu sanés ukur tempat pikeun ngajual jam anyar, nanging langkung kasohor ku jasa benerkeun jam antik. Jalma-jalma nu gaduh jam karuhun, jam saku jaman kolonial, atawa jam dinding jangkung warisan kulawarga, sok milih mawa ka dieu. Ku sabab kitu, toko ieu sok karasa siga museum leutik.
Linggajati Wiryadinata henteu nyalira ngurus ieu usaha. Anjeunna sok dibantosan ku putri munggaranna, Prameswari Sekarjati, anu biasana ku batur dipanggil Prameswari. Prameswari geulis kacida, rambutna hideung panjang, panonna sok caang siga nu pinuh ku kahayang hirup. Sanaos hirupna basajan, Prameswari boga rasa bangga nu jero kana karya-karya ramana.
Unggal dinten, anjeunna sok ningali kumaha ramana nyepeng obeng leutik, ngaganti gir, atawa ngatur jarum jam nu macét. Lantaran sering nyaksian, Prameswari ogé jadi ngarti saeutik-saeutik ngeunaan mékanisme jam.
“Néng, émut nya, unggal détik nu ngalir téh nyaéta titipan. Jam téh ukur alat, tapi waktu téh pangéling sangkan urang teu kabawa poho,” saur Linggajati Wiryadinata hiji mangsa, bari terus masangkeun kaca jam nu retak.
Prameswari sok unggeuk bari ngadéngékeun, haténa ngadadak jadi haneut. Anjeunna sadar yén salian ti dagang, ramana sok ngajarkeun filosofi hirup tina unggal jam anu dirawatna.
---
Hiji soré, nalika Bandung keur hujan rintik-rintik, kurir datang mawa kotak kai beurat. Kotakna sigana kolot pisan, ku enggon kulit anu mimiti ngaleupas. Dina luhur kotak aya tulisan nu rada hésé kabaca, tapi Prameswari bisa maca:
“Balikeun waktos ka nu leres. Dago–23.”
Prameswari reuwas, nyodorkeun éta kotak ka ramana. Linggajati Wiryadinata rada heran, tapi henteu seueur nanya. Anjeunna langsung muka, sarta katingalina hiji jam dinding jangkung pisan, gaya kolonial, kalayan kaca hareup anu geus retak. Jarumna eureun dina posisi 11:11.
Sanajan geus biasa nampa barang anéh, aya rasa teu biasa nu karasa ku Prameswari. Saprak jam éta aya di toko, hawa di dinya siga robah. Jam-jam séjén nu biasana singkron ngadenting, ayeuna karasa teu singkron. Aya rasa ganjil nu teu bisa dijelaskeun.
“Prameswari, tong hariwang. Ieu mah panginten kusabab mesin jerona acan diatur deui,” saur Linggajati Wiryadinata. Tapi sorot panonna nunjukkeun yén anjeunna ogé rada panasaran.
---
Wengi éta, hujan turun leuwih deres. Toko geus dikonci, Prameswari balik ka kamar di lantai dua. Tapi tengah peuting, anjeunna reuwas hudang ku sora anéh. Teu siga sora jam biasa, tapi siga aya nu nyalukan — ngadenting panjang jeung ngerik.
Prameswari buru-buru turun ka toko. Anjeunna henteu manggihan ramana. Mobil ramana ogé henteu aya di parkiran.
Haténa langsung deg-degan. Anjeunna nelepon ramana, tapi telepon teu diangkat. Sakedapan, Prameswari ngarasa cemas pisan, dugi ka mutuskeun pikeun ngalaporkeun ka pulisi isukna. Tapi saksi anu didangu ku pulisi ngan ukur nyebut “Saur warga, aya lalaki sepuh nu angkat ka arah Lembang.”
Prameswari henteu bisa ngantosan. Anjeunna maké jaket jeung payung, ngala mobil leutikna, tuluy ngudag arah Lembang bari ngagunakeun pelacak HP ramana.
Sinyal terakhir nunjuk kana hiji tempat anu dingaranan ku warga minangka vila wingit: Vila Wirakusumah–Yudhistira.
---
Vila éta kawéntar di sakuliah Dago. Gedong kolonial nu ageung pisan, jangkung, sarta sok dipatalikeun jeung rupa-rupa gosip. Aya nu nyebut pamilikna ningrat tur sugih, tapi putrana, Abimanyu Yudhistira, henteu kantos kaluar imah. Jalma-jalma nyebut anjeunna gering parna, aya ogé nu nyebut anjeunna teu waras.
Nalika mobil Prameswari eureun di hareupeun gerbang beusi jangkung anu katutupan ku kabut, haténa nyorowok. Anjeunna ngadeukeutan interkom bari katirisan ku angin Lembang nu tiis pisan.
“Halo? Pun Rama abdi aya di dieu?” sora Prameswari ngageter. Teu lila, sora jero, serak, tapi ngagegedur ku karisma, ngawalon “Nyi moal kedah aya di dieu.”
“Pun Rama ka mana?” saur Prameswari rada maksa.
Aya hening heula, lajeng sora éta deui nyebut “Anjeunna aman. Nanging anjeunna parantos ngalanggar aturan. Anjeun langkung saé mulih.”
Prameswari ngégél biwirna, henteu rela. “Abdi moal mulih dugi ka papanggih sareng Rama abdi. Anjeun tiasa nyumputkeun anjeunna, tapi abdi bakal tetep di dieu.”
Aya sora napas panjang ti interkom, siga nu kesel. “Upami kitu… asup.”
Gerbang beusi beurat éta muka laun, ngagerem siga raksasa hudang tina bobo panjangna. Jalan batu anu baseuh ku hujan nuntun Prameswari ka arah villa nu badag pisan, kalayan jandéla-jandéla jangkung jeung balkon kai kolot.
---
Nalika Prameswari asup, anjeunna katingali ku cahaya lampu mewah. Gedong éta megah pisan, tapi atmosfirna tiis, siga teu aya kahirupan. Lukisan ningrat-ningrat lami ngajajar dina témbok, bau kai kolot jeung lebu ngeusi hawa.
Di tengah rohangan, aya hiji lalaki lungguh dina korsi roda — Abimanyu Yudhistira.
Prameswari rewas. Anjeunna henteu siga “monster” anu sok jadi gosip. Anjeunna saéstuna kacida tampanana, kalayan rahang nu tegas sareng panon poék anu jero pisan, siga langit wengi nu pinuh ku rahasia. Tapi dina rarayna aya tapak luka, ti pipi nepi ka beuheung. Luka éta ngajadikeun anjeunna katingali galak, tapi ogé sedih.
“Rama anjeun aya di kamar tamu. Anjeunna tiasa mulih. Nanging anjeun… kedah tetep di dieu” saur Abimanyu. “Naon maksudna?” Prameswari ngabentak, sora na ngeunah tapi rada ngageter.
Abimanyu ukur ngalirik bari ngagerem “Anjeunna parantos nyabak barang nu henteu kénging disabak. Aya aturan. Anjeunna parantos ngalanggar. Ku kituna kedah aya nu ngagentos.”
Prameswari langsung maju saban léngkah, panonna ngeunah tapi wani “Upami kitu, abdi anu bakal ngagentos. Tapi sanggeus éta, abdi hoyong Rama abdi mulih kalayan salamet.”
Abimanyu katingali seuri miris, tapi aya rasa panasaran nu nyelap dina sorot panonna. Anjeunna ngan ukur ngucap pondok “Saé. Ti ayeuna, ieu tempat janten kurungan anjeun.”
---
Prameswari ngarasa kawas asup kana dunya anyar. Villa éta lega, pinuh ku lorong-lorong panjang, kamar kosong, sareng jandéla anu kabur ku kabut Lembang. Anjeunna henteu nyangka hirupna bakal robah sakitu drastisna — ti gadis toko jam sederhana di Braga, ayeuna janten “tawanan” di istana kolonial anu dipinuhan ku misteri sareng lalaki anéh nu ngaranna Abimanyu Yudhistira.
Sanaos haténa sieun, aya sora jero dina dirina nu nyebutkeun yén ieu mung awalna wungkul. Aya seueur hal nu bakal kabuka.
Saprak poé éta, kahirupan Prameswari robah sakitu pisan. Villa Wirakusumah–Yudhistira nu lega jeung jembar, ayeuna jadi dunya anyar keur dirina.
Unggal isuk, cahaya panonpoé nyorot kana kaca jandéla anu luhur. Tapi hawa tiis Lembang tetep ngagegedur, nepikeun hawa sepi nu anéh. Di villa éta, aya pembantu sepuh nu jarang ngobrol, ngan ukur ngalakukeun pagawean dasar. Seuseueurna rohangan kosong, teu aya sora, ngan ukur jam-jam antik nu ngadenting ku waktuna masing-masing.
Prameswari mimiti sadar yén Abimanyu Yudhistira téh jalma nu asing pisan pikeun dunya luar. Anjeunna sok nyumput di balik korsi roda jeung kakuatan finansial kulawargana. Anjeunna nyicingan dunya nu aya di jero témbok villa.
---
Hiji peuting, nalika Prameswari keur maca buku di perpustakaan villa, Abimanyu datang ngadeukeutan bari ngadorong korsi rodana. Sora rodana ngagerem ngalangkungan karpét beureum nu geus luntur. “Kumaha buku nu anjeun baca?” suarana handap tapi tegas.
Prameswari ningali ka anjeunna bari rada heran. “Klasik. Victor Hugo. Abdi resep, tapi rada sedih. ”Abimanyu seuri tipis, siga seuri anu geus lila teu dipaké. “Hirup ogé klasik, Prameswari. Pinuh ku tragedi jeung pangampura.”
Prameswari neuteup anjeunna, rada kaget ku cara nyebut ngaran lengkepna. “Naha anjeun sok nyebut abdi Prameswari, lain Neng waé?”
“Sabab nami lengkep anjeun langkung éndah. Éta ngingetan ka abdi yén anjeun sanés bagian tina dunya abdi, sareng éta kedah abdi émut.” Sora abimanyu ngalemesan
Aya sepi panjang. Ngan detak jam nu ngiringan.
---
Beuki lila, hubungan Prameswari jeung Abimanyu teu bisa dipungkir laun-laun ngarobah. Sanajan awalna anjeunna kasar, tiis, jeung sering ngajaga jarak, tapi Prameswari bisa ningali aya luka nu leuwih jero di jero dirina.
Prameswari sok ngadéngékeun sora pianona ti salah sahiji rohangan. Pianona sigana geus lila teu dirawat, tapi sora-sorana tetep éndah. Nalika anjeunna nyoba ngadeukeutan, Abimanyu sok ngeureunkeun ulinana. “Ieu henteu kanggo anjeun,” saur anjeunna pondok.
Tapi Prameswari henteu gampang mundur. “Sakali-kali, abdi hoyong ngadangukeun nepi ka rengse. Anjeun maénkeun musik siga jalma nu keur nyaritakeun carita.”
Abimanyu ngagerem, panonna rada seukeut, tapi teu aya deui omongan. Dina waktos éta, Prameswari sadar yén lalaki ieu, sanajan keuna ku loba luka, sabenerna butuh aya nu ngadangukeun.
---
Hiji sore, Prameswari teu kahaja manggihan hiji rohangan rahasia di balik lemari buku. Di dinya aya tumpukan jurnal, catetan médis, jeung potret-potret heubeul. Aya hiji poto nu matak narik haténa: potret saurang gadis ngora, parasna mirip pisan jeung Abimanyu, tapi leuwih lembut.
Di tukangeun poto aya tulisan “Sarasvati Yudhistira, 1990 – 2010.”
Haté Prameswari langsung nyeri. Anjeunna sadar ieu pasti dulurna Abimanyu. Anjeunna nyekel éta poto bari ngagerentes, kumaha mungkin hiji jalma nu boga sagalana, tetep kudu kaleungitan anu penting. Tapi nalika anjeunna balikkeun éta poto, sora Abimanyu ngagegedur ti lawang. Panonna seukeut, tegang, siga nu kesel.
“Anjeun henteu kedah aya di dieu, Prameswari.” Sora Abimanyu ngagerem bari panon seukeutna kaluar. “Abdi hoyong terang. Anjeun nyumputkeun seueur pisan. Anjeun henteu tiasa hirup ku cara kitu salawasna.”
Abimanyu ngageleng, sora na jadi lemes tapi nyeri “Upami anjeun terang, anjeun bakal ninggalkeun abdi. Sadayana ninggalkeun. ”Tapi Prameswari henteu mundur. Anjeunna ngadeukeutan, panonna nyorot ku rasa tulus. “Teu sadayana jalma bakal ninggalkeun. Aya nu bakal tetep. Upami anjeun ngidinan.”
Abimanyu katingali rewas, siga aya benteng anu ragrag saeutik. Anjeunna henteu ngajawab, ngan ukur ningali Prameswari kalayan panon anu henteu deui sa-dingin biasana.
---
Waktu ngalir. Poé jadi minggu, minggu jadi bulan. Prameswari henteu ngarasa deui yén villa téh “kurungan.” Anjeunna ngamimitian ngurus kebon, ngeusian waktuna ku maca, sareng kadang ngabantosan beberesih rohangan nu geus lila teu dipaké.
Anjeunna malah sok nyieun kopi pikeun Abimanyu, anu biasana ngan ukur nginum cai bodas. Lila-lila, Abimanyu mimiti biasa ngadéngékeun sora Prameswari, kadang ngobrol ngeunaan musik, ngeunaan buku, atanapi ngeunaan Bandung jaman baheula.
Hiji peuting, nalika hujan turun deras, listrik sakali-kali pareum. Villa jadi poék, ngan ukur cahaya lilin nu nyirorot.
Prameswari lungguh di sisi Abimanyu bari nyekel cangkir haneut. “Anjeun terang, Bandung téh kota nu matak betah. Jalma-jalma ramah, musikna aya dimana-mana. Anjeun tiasa karasaeun hirup deui, lamun wani kaluar sakedapan wae.”
Abimanyu nginghak panjang. “Abdi henteu tiasa. Luka ieu… henteu ngan ukur di awak. Aya di jero hate. Jalma-jalma ningali abdi siga monster. ”Prameswari ngadegkeun leungeunna, rada nyabak kana urut luka di pipi Abimanyu. Gerakanana lembut pisan. “Sanés monster. Anjeun ngan ukur manusa anu tatu. Sarua sareng anu sanés.”
Abimanyu ngeureunkeun napasna, siga moal percaya yén aya anu wani nyabak dirina. Dina cahaya lilin, panonna jadi leuwih jero, langkung rapuh, sareng langkung éndah tibatan naon waé nu kungsi Prameswari tingali.
---
Isukna, nalika Prameswari hudang, anjeunna mendakan seungit mawar anyar di gigireun ranjangna. Dina kartu leutik anu diselapkeun, aya tulisan tangan kasar “Abdi henteu tiasa masihan seueur. Tapi abdi hoyong anjeun terang, anjeun henteu deui nyalira.” – A.Y.
Prameswari ngageuing, haténa kacida pinuh ku rasa haneut.
---
Sanajan kitu, kabagjaan éta henteu gampang. Aya hiji wengi nalika Abimanyu ngarasa ambruk, haténa balik deui kana poék. Anjeunna ngusir Prameswari kaluar tina rohangan bari ngeueum sora “Mulih wae! Anjeun henteu kedah nyangkut dina hirup abdi!”
Prameswari nangis, tapi anjeunna henteu ucul. Anjeunna nangtung di lawang bari ceurik, tapi ogé maksa “Upami anjeun hoyong abdi mulih, nyarios langsung ka panon abdi. Tapi abdi terang, anjeun henteu leres-leres hoyong abdi angkat.”
Abimanyu teu bisa ngajawab. Anjeunna ngan ukur nunduk, panonna nyumput ku bayangan. Éta poé, Prameswari sadar yén cinta téh henteu sok gampang, tapi kudu wani nyanghareupan badai nu aya.
---
Sababaraha minggu sanggeusna, jam jangkung nu dibawa Rama Linggajati Darmawan ahirna tiasa direngsekeun. Detakna sinkron deui, jarumna ngalir mulus. Nalika Prameswari némbongkeun éta ka Abimanyu, anjeunna ngan ukur nyarios pondok:
“Ieu tandana waktos henteu eureun. Sanajan urang hoyong, waktos bakal terus ngalir.”
Prameswari seuri leutik, bari ngajawab:
“Atuh tong ngantepkeun waktos ngalir tanpa rasa. Anjeun pantes boga rasa, sanajan sakit.”
---
Hiji énjing, nalika gerbang beusi vila anu biasana sok dikonci pageuh ayeuna kabuka saeutik, Prameswari mutuskeun pikeun kaluar sebentar. Anjeunna angkat ka kota Bandung, ka Braga, bari mikirkeun kumaha hirupna robah.
Nalika balik deui ka vila, anjeunna manggihan Abimanyu nu nangtung di balkon bari maké tongkat tambahan. Panonna katingali teu yakin, tapi aya semangat anyar nu henteu kungsi aya. “Prameswari… abdi hoyong nyobian deui. Anjeun nunjukkeun yén hirup henteu kudu salawasna poék. Upami anjeun masih hoyong aya, abdi… henteu hoyong nyumput deui.”
Prameswari ngageter, panonna berkaca. Anjeunna maju bari seuri manis. “Abdi moal ninggalkeun anjeun, Abimanyu. Kusabab anjeun sanés monster. Anjeun téh manusa anu tiasa diajar asih deui.”
---
Waktu terus ngalir. Vila anu sakitu poékna mimiti robah. Mawar-mesawarna mimiti mekar deui, jam-jam antik ngadenting harmoni, sareng dina unggal rohangan aya sora kahirupan anyar. Di tengah-tengah éta aya dua jiwa, hiji lalaki anu laun-laun mulangkeun dirina tina luka, sareng hiji gadis anu wani nyanghareupan rasa sieun pikeun nunjukkeun yén cinta tiasa ngubaran.
Cinta maranéhna henteu rame, henteu dramatis siga pilem. Tapi aya dina sepi, dina seuri leutik, dina detik-detik nu pinuh ku musik, kopi haneut, jeung panonpoé Bandung.
Siga carita klasik, tapi ogé siga carita anyar. Siga jam nu terus ngalir, tapi ayeuna, detakna karasa leuwih bermakna.
umaa