Ti Éra jadi Jawara

Ria jeung Nikke jadi wawakil sakolana dina Festival Tunas Basa Ibu, Ria dina cabang borangan jeung Nikke dina maca sajak. Sanajan awalna sieun, Ria ahirna wani maju jeung meunang juara dua, bari diajar yén kamajuan datang tina usaha jeung kapercayaan diri.

Ti Éra jadi Jawara

Dina hiji waktu jam sakola geus rapih. Panonpoé beuki condong ka kulon, caangna nembus kaca jandéla sakola, ngahudangkeun cahya emas anu ngagurilap dina téheul koridor. Barudak sakola kalaluar ti gerbang bari rurusuhan néangan angkot, aya nu seuri-seuri, aya nu nyaritakeun soal ulangan tadi, aya ogé nu buru-buru muka HP 

Ria sareng Nikke, siga biasana, sok mulang babarengan lantaran jalanna sarua. Dua budak ieu geus kawilang akrab ti kelas tujuh. Nikke kasohor rada cuék, tapi sok pinuh ideu , sedengkeun Ria mah leuwih sok hariwang sorangan, tapi jero haténa mah boga rasa panasaran anu gede.

Dina angkot, Nikke ngomong bari sura seuri.

“Ria, tadi aya pangumuman ti guru. Cenah rék aya Festival Tunas Basa Ibu (FTBI). Urang mah geus kapilih jadi wawakil dina cabang maca sajak.” Manéhna ngagolérkeun kantong na kana korsi angkot.

Tuluy manéhna nyeletuk deui, rada ngajak ngagoda,

“Ari manéh mah, sigana cocok pisan manéh ngiluan cabang borangan, nyaéta ngabodor sorangan. Kumaha mun manéh nyobaan ngiluan sléksi?”

Ria reuwas, rada ngagoréjat sakedeung, ceuli karasa panas.

“Aduh, Nik, urang mah éra. Teu boga pangalaman lomba basa Sunda. Borangan deuih… asa sararieun weh."

Nikke mésem bari nyeletuk deui, nada sora satengah serius,

“Sing yakin atuh, ria. Kapilih henteu na mah kumaha engké, anu penting mah nyobaan heula. Teu kabeh hal kudu langsung hasil, tapi unggal usaha pasti meré pangalaman."

Sapanjang jalan dina angkot, haté Ria campur aduk. Sora musik dangdut dina angkot malah kawas teu kadéngé. Manéhna ukur ngahuleng dina jandéla, bari nempokeun jalan gede nu rame, jeung jero hatena aya sora anu ngagerentes “Cobaan heula… cobaan heula…”

Isukna, aula sakola pinuh ku murid anu miluan sléksi. Korsi dijajarkeun rapih, mimiti aya nu keur ngapalkeun naskah, aya ogé nu ngan saukur diuk bari ngahuleng pinuh ku rasa geumpeur. Nikke maju maca sajak kalayan mantap, sorana tarik, pamentena éksprésif. Sagalana siga gampang pikeun manehna

Sedengkeun Ria mah, haténa teu eureun dag dig dug leugeun na nepi ka baseuh ku késang. Na haténa “Kumaha lamun teu kapilih? Kumaha lamun nu nonton teu seuri? Kumaha lamun eweh nu ngadéngékeun?”

Nalika bageanna, Ria maju ka hareup. Awalna kagok, sora naék turun henteu ajeg. Tapi tungtungna, lantaran nyaritakeun pangalaman sapopoe anu lucu, sora seuri nu nonton guru-guru jeung barudak karasa. Malah aya nu nyeukeul beuteung. Sanggeus rapih, tepuk tangan ngageleger, nyieun haténa panasaran: “Nya kitu kitu kéneh? Kuring tiasa?”

Peutingna, diumumkeun hasilna:

Nikke kapilih janten wawakil cabang sajak.

Ria kapilih janten wawakil cabang borangan.

Isukna, Nikke gancang nyeplos bari ngagabrug taktak baladna,

“Tah, naon anu ceuk urang gé, Ia? maneh teh bisa! Ayeuna urang duaan jadi wawakil sakola. Moal nyangka, nya?”

Ria ngan seuri, tapi jero haténa campur antara reuwas jeung bungah

Sanggeus kapilih, poé-poé ria jadi leuwih ramé. Unggal istirahat sok aya jadwal latihan. Bu Nur, guru basa Sunda, terus ngingetan,

“Ria, ayeuna urang latihan deui. Coba borangan anjeun, urang uji coba di kelas 9B. Sing inget, ulah buru-buru, kudu jelas, jeung ékspresi rarayna ulah lempeng wungkul.”

Nalika Ria asup ka kelas, murid nu keur kosong langsung nyorowok,

“Heeuuu, Ria bade ngabodor!”

Raray Ria beureum, haténa beuki degdegan. Tapi Bu Nur ngomong.

“Sing tenang, sing ngadéngekeun heula!”

Ria mimiti nyaritakeun boranganana. Mimiti rada kagok, sora siga rék pegat. Tapi sakedik sakedik, sora seuri murid ngageleger, malah aya nu neundeun kana méja teuing seuri. Rasa sieun anu tadi numpuk lalaunan ngaleungit, diganti ku rasa bungah. “Oge bisa, nya?”

Sanggeus réngsé, Nikke seuri bari nyeplos,

“Hadé pisan, Ia. Lamun engké kitu deui, insya Allah juara mah bisa.”

Guru tetep ngingetan,

“Bagian awal kedah langkung narik perhatian. Ulah gancang teuing, sareng tong poho nganggo ékspresi raray. Éta nu ngajadikeun langkung lucu.”

Sababaraha poe latihan tuluy, kadang di kelas séjén, kadang di ruang guru, kadang ogé di aula. Di imah, Ia latihan hareupeun kaca. Indungna sok seuri bari ngadukung,

“Aya bakat, Neng. Ulah sieun. Lamun seuri jalma bisa muncul tina carita Neng, éta téh hadiah anu mulya.”

Kecap indung nyieun haténa leuwih mantap.

Poé anu ditungguan tungtungna datang. Lomba FTBI dilaksanakeun di SMPN 1 Banjar. Sakumna SMP sakota Banjar ngirimkeun wawakilna.

Buruan sakola ramé ku barudak anu maké seragam rapih bari nyepeng map jeung perlengkapan lomba. Aya spanduk gedé digantung di hareup aula:

“FESTIVAL TUNAS BASA IBU – TINGKAT SMP SAKOTA BANJAR.”

Sanggeus upacara bubuka, patandang dipencarkeun:

Cabang sajak di kelas 7A.

Cabang borangan di kelas 8B.

Cabang dongéng di kelas 9C, jeng nu sejenna.

Nikke lebet ka kelas 7A, ari Ria ka kelas 8B. Koridor ramé, aya anu ngapalkeun deui naskah, aya nu jempling, aya nu masih katingali teu percaya diri.

Ria lungguh bari nengetan lawan ti sakola séjén. Haténa beuki dag-dig-dug, siga nu rék kaluar tina awak. Anjeunna perem sakeudeung, nyebut dina haté,

“Ya Allah, mugia tiasa lancar. Upami henteu juara ogé teu nanaon, anu penting nyobaan.”

Nalika giliranana, Ria maju. Nangtung hareupeun mikropon, panonna ngalanglang juri anu calik dina méja panjang. Tanganna rada ngageter. Tapi sanggeus tarik napas jero, anjeunna ngamimitian.

Carita dimimitian ku lampah sapopoé nu basajan, terus ditambahan ku gaya raray, gerak awak, jeung intonasi anu béda. Geus sababaraha menit, sora seuri juri mimiti nyampak. Ria beuki yakin, sora na jadi leuwih lantang. Tungtungna, sanggeus rengsé, sora tepuk tangan ngageleger.

Ria turun ti panggung bari napas panjang, rarayna beureum, tapi haténa lega. Nikke nu kabeneran geus réngsé maca sajak di kelas séjén langsung nyampeurkeun,

“Kumaha, lancar, nya?”

Ria ngan seuri bari ngusap rarayna,

“Alhamdulillah, lancar nik.”

Sanggeus sakabéh cabang réngsé, panitia ngumumkeun hasilna. Aula ramé, murid jeung guru ngariung bari degdegan.

*Pengumuman Dimimitian

“Juara Kadua Cabang Borangan Istri… patandang no urut 20 ti SMPN 2 Banjar."

Sakali deui, jantung Ria siga eureun. Ngaran anjeunna disebut. Anjeunna ngabeugkeut biwirna teu percaya, panonna rada cimataan. Nikke gancang ngagabrug taktakna bari seuri lega,

“Alhamdulillah, Ia! manéh meunang juara dua! Coba lamun henteu wani, moal nepi ka dieu.”

Ibu Khotimah, guru basa Sunda ti sakola, ogé nyampeurkeun bari mésem,

“Tah, juara téh bukti yén anjeun wani nyobaan. Teraskeun, tong sieun deui, Ria. Basa Sunda butuh budak sapertos anjeun.”

Ria maju ka hareup pikeun narima piagam jeung piala. Rarayna beureum tapi haténa pinuh ku kabungah. Ieu munggaran kalina anjeunna ngiluan lomba basa Sunda, jeung langsung meunang juara.

Nalika balik, anjeunna ngageugeuh dina haténa,

“Lamun hayang maju, kudu wani nyobaan. Rarasaan sieun téh ngan ukur awal. Sanggeus dijalankeun, kabungah anu leuwih gede nu datang.”

Nikke ngadéngékeun ceuk baladna bari ngalieuk,

“Puguh atuh, ayeuna anjeun resmi jadi komedian sakola urang!”

Dua balad éta tuluy kaluar ti aula, mawa rasa bungah nu moal hilap sapanjang kahirupan sakola maranéhna.