Léngkah Kahiji
Dina lomba LKBB tingkat propinsi di SMA Bhakti Mulya, Raka, panjuru katuhu ti tim SMA Garuda Putra, usaha pikeun nembongkeun penampilan nu sampurna supaya pasukanna tetep kompak. Tapi di tengah ketegangan lomba, panonna kapanggih jeung Tasya, anggota tim lawan ti SMA Harapan Bangsa, nu katémbong tenang jeung percaya diri di barisan. Sanggeus lomba réngsé, duanana papanggih sacara teu kahaja jeung mimiti ngobrol enteng ngeunaan latihan, rasa gugup, jeung pangalaman maranéhna di lapangan. Tina obrolan pondok éta, mucunghul rasa silih kagum jeung kahaneutan basajan. Dina ahir acara, basa ngaran juara diumumkeun, Raka sadar yén patepungna jeung Tasya leuwih berharga tibatan ngan saukur meunang lomba — dua léngkah béda nu kungsi patepung di tengah.
Sora peluit panjang ngagema di tengah lapang SMA Bhakti Mulya. Leutak-leutak leutik hiber unggal sapatu hideung nginjak taneuh kalayan hentakan nu sarua. LKBB tingkat propinsi keur lumangsung, jeung suasanana kacida tegangna, tapi sakaligus rame.
Raka nangtung pageuh di posisi panjuru katuhu ti tim SMA Garuda Putra. Salaku panjuru, léngkah jeung arahna nu nentukeun. Palatihna sok ngomong, “Lamun manéh goyah, sakabeh pasukan bisa ngilu kacau.” Ti harita kénéh, Raka diajar pikeun henteu kungsi goyah sahenteuna basa keur di lapangan.
Tapi harita, fokusna rada kaganggu. Di tribun kénca, manéhna ningali hiji raray anggota tim lawan, maké seragam biru poék ti SMA Harapan Bangsa. Henteu komandanna, henteu panjuru, ngan bagian tina barisan wungkul. Tapi aya nu matak narik ti cara nangtungna. tengtrem, henteu gugup, jeung panon nu nenjo lempeng ka hareup. Raka teu nyaho ngaranana, tapi sakali ningali ogé, geus cukup pikeun matak panasaran.
Tasya. Éta ngaran nu kadéngé disebut ku pelatihna basa tim Harapan Bangsa dipanggil maju. Timna tampil pas sanggeus tim Garuda Putra.
Basa waktuna tampil datang, Raka mingpin léngkah kalayan konséntrasi pinuh. Hentakan sukuna pageuh, jeung irama pasukanna kompak. Tapi basa aranjeunna balik arah ka sisi barisan, panonna jeung panonna Tasya papanggih. Ngan sakilat. Tapi cukup pikeun ngajadikeun jantung Raka rada teu puguh.
Sababaraha jam sanggeus sakabéh tim tampil, suasana di sabudeureun tribun mimiti leuwih santai. Para pamilon calik-calikan, ngadagoan pengumuman nu meunang. Raka calik dihandapeun tangkal, muka sarung leungeun jeung topina. Anjeunna muka botol cai, jeung harita aya sora nu nyieun manéhna noleh.
“Anjeun panjuru ti Garuda Putra, nya?” Tasya nangtung hareupeunana. Seragamna rada acak-acakan, bari aya kéenéh kesang dina tarangna.
“Muhun. Anjeun ti Harapan Bangsa?”
Tasya ngangguk. “Kuring mah ngan anggota biasa. Tapi ti tadi ngilikan ka anjeun. Léngkah anjeun rapih pisan. Pasukanna bener-bener nuturkeun.”
Raka seuri leutik. “Hatur nuhun. Tapi tanpa batur satim mah, panjuru ogé moal bisa nanaon.”
Tasya miluan calik dina handapeun tangkal, ngajaga jarak kalayan sopan. Aranjeunna mimiti ngobrol énténg. Ngeunaan latihan nu melelahkeun, palatih nu galak, jeung seragam nu kudu disetrika sababaraha kali supaya lempeng.
“Teu sieun basa tampil tadi?” tanya Tasya.
“Sieun pisan,” jawab Raka bari seuri. “Tapi kuring pura-pura tenang.”
“Katempo tenang pisan atuh. Teu katempo pura-pura.”
Obrolan maranéhna pondok, tapi raos. Henteu loba cingcayaan. Ngan dua urang ti dua tim béda, nu sarua capé tapi wareg, patepung tanpa direncanakeun.
Basa ngaran juara diumumkeun jeung sora-sora sorak mulai kadéngé, Raka noléh ka Tasya.
“Hayang meunang atawa henteu, ayeuna mah kuring bungah bisa papanggih jeung anjeun,” ceukna leuleus.
Tasya mesem. “Sami. Sanajan urang henteu sa-barisan, tapi ayeuna... léngkah urang patepung di tengah.”
Saat pengumuman juara réngsé, sora-sora sorak ngagema deui. Panitia mimiti nyebarkeun hasil lomba. Raka jeung timna ti SMA Garuda Putra ngahuleng bari ngarep-ngarep. Haté Raka ngageter, teu ukur ku harepan meunang, tapi ogé ku rasa bungah bisa patepung jeung Tasya tadi.
“Juara Kahiji, SMA Garuda Putra” sorak panitia, bari Raka jeung pasukanna bungah. Raka seuri lega jeung bangga, tapi panonna otomatis néangan ka arah tribun. Didinya, Tasya nangtung, mesem tulus.
“Selamat, Raka,” ceuk Tasya. “Pasukan anjeun memang luar biasa.”
“Hatur nuhun, Tasya. Anjeun ogé hebat. Kuring nempo tadi tim anjeun berjuang sapinuh haté,” jawab Raka, sora leuleus tapi pinuh rasa hormat.
Sanggeus éta, panitia ngumumkeun juara kadua. “Juara Kadua, SMA Harapan Bangsa” Tasya jeung timna seuri. Sanajan teu meunang kahiji, tapi sumangetna tetep haneut. Raka maju ka arah Tasya.
“Mugia urang bisa patepung deui dina lomba salajengna,” ceuk Raka bari ngahuleng séjénna. Tasya mésem leutik, terus ngajawab, “Sami, Raka. Ieu patepungan teu bakal poho.”
Maranéhna silih jampé jeung leungeun sakedapan. Teu loba kecap, ngan panon nu nepikeun sagala kahadéan. Teras, kalayan leuleus tapi pasti, maranéhna misah. Raka balik ka timna, haténa lega jeung bungah. Tasya balik ka timna, ogé pinuh rasa bungah. Dua langkah béda, tapi patepung di tengah lomba anu teu bakal bisa poho.
aikkkaa259