hadiah ti Allah

hadiah ti Allah

Kukuruyukkk… Kukuruyukkk… sora hayam jago ngageleger ngagegarkeun subuh nu masih kénéh tiis. Raras hudang bari panonna beureum, peuting kamari manéhna henteu saré pikeun nyieun kaligrafi anu baris dilombakeun ku sakolana, SMA Negeri 3 Banjar. Kertas, cet, jeung koas masih kénéh pabalatak dina terlas kamarna.

Tiba-tiba, sora indungna ngaguruh ti luar, “Raraaaas! Naha wayah kieu can kacai, unggal poé kudu dicarék heula kakara gerak! Kudu sabaraha kali Mamah gogorowokan? Isuk kieu téh lain keur ulin, ari sakola téh kudu disiplin, ulah sok kabeurangan! Atuh teu apal kolot téh cape ngabiayaan!”

Raras nepi ka ngaboborok, haténa nyesek. Manéhna nyoba ngajelaskeun bari rada ceurik, “Mamah, Raras ti peuting teu sare nyieun kaligrafi pikeun sakola. Tapi aya musibah, cet na kabalik nepi ka ledok kertasna…”

Indungna malah beuki tarik sora, “Naha kudu nepi ka kitu? Lamun ti awal Raras bisa ngatur waktu, moal aya musibah kawas kitu! Ulah ngadadak wae, nyusahkeun diri sorangan, nyusahkeun batur, nyusahkeun kolot! Mamah téh hayang Raras jadi budak nu disiplin, lain budak nu sok ngadadak jeung neangan alesan!”

Hate raras nyeri kawas ditincak ku karéta manehna ngan bisa tungkul, cipanon ngocor, haténa karasa nyeri. Sanggeus dicarekan, manéhna buru-buru mandi, terus nyiapkeun kaligrafi anu aya noda cet tapi masih kénéh lumayan rapih. Bari cipanon masih nyésa, manehna nyium leungeun mamahna jeung indit maké motor bututna.

Di jalan, musibah datang deui. Motor anu dipakéna ngagero bret-bret-bret terus eureun. Mogok pas di tengah jalan raya. Raras panik, kasampak jam geus nunjukkeun sakola rék mimiti. Anjeunna nyobaan ngegas deui, “Ya Allah… tulung tulung tulung ya allah!” untung aya tukang bengkel leutik nu buka, ngabantu ngadorong motor ka sisi jalan jeung méré pitulung.

Motor bisa hurung deui, Raras langsung ngebut, tapi haténa beuki degdegan. Pas nepi ka sakola, gerbang geus ampir ditutup ku satpam. “Pak, punten! Punten!” ceuk Raras bari ngagero tarik, untung satpam bageur.

Di kelas, Bu Euis, guru Basa Sunda sakaligus pembimbing lomba kaligrafi, nanyakeun hasil karya. Raras masrahkeun kertas anu aya noda cet, “Punten pisan Bu, ieu anu tiasa Raras pasrahkeun. Sanaos kotor, ieu hasil usaha sadinten.”

Bu Euis nginghak bari ngangguk, “Tong hariwang, Raras. Nu penting haténa jujur jeung usaha satuluyna. Karya éndah moal kasumput.”

Poé pangumuman lomba di bale kota, Raras jeung Bu Euis datang. Nalika pinunjul katilu jeung kadua diumumkeun, ngaranna teu disebut. Haténa beuki leuleus, sora mamahna isuk tadi terus ngaguruh dina sirah.

Tapi tungtungna, sora panata acara ngaguruh kawas bedug lebaran:

“Pinunjul kahiji lomba kaligrafi tingkat SMA sakota Banjar, nyaeta… RARAS ti SMA Negeri 3 Banjar!”

Sadayana sorak-sorai. Raras ceurik bari sujud syukur, panonna ngeclak kawas hujan badai. Dina haténa, manéhna nyarita, “Mamah… ieu hasilna. Sanaos tadi abdi dicarék jeung meunang musibah, Gusti méré panghadiah pangéndahna pikeun Raras. Ieu jadi jangji, Raras bakal robah jadi leuwih disiplin jeung tanggung jawab.”