Carita Di Gerbang Sakola
“Gerbang sakola téh siga panggung,” ceuk Nayla. “Unggal isuk aya drama anyar.” Yesila ngawalon, “Enya, tapi urang sok jadi aktor utamana.”
Unggal isuk, gerbang sakola sok rame ku rupa-rupa kajadian. Aya siswa siswi nu buru-buru datang bari masih ngunyah sarapan, aya ogé nu seuri bari salam ka sobatna. Dina gerbang sok aya OSIS jeung MPK nu nyambut, bari ngingetan aturan sakola. Tangtu bae teu leungit, aya guru nu piket pikeun mariksa kerapihan siswa.
Isuk éta, kuring jeung Yesila indit ka sakola bareng. Cuacana haneut, urang ngobrol bari lempang. Nalika nepi ka gerbang, guru piket langsung ngajak salam. Tapi panonna ngarah ka Yesila.
“Neng, anjeun make lipstik nya? Aturan sakola henteu ngidinan,” saur guru piket bari rada serius. Tasna ge dipariksa, bisi mah aya deui barang nu henteu meunang dibawa. Yesila ngan bisa nyengir, siswa nu keur ngaliwat seuri bari ningalikeun sakolebat.
Kuring ngira bakal leupas, tapi guru téh langsung neuteup ka kuring. “neng, anjeun henteu make ciput. Kumaha ieu?” Ceuk guru rada teges. Kuring rada kagok, panon sok lirik-lirik ka Yesila. “Abi buru-buru, Bu,” ceuk Nayla saeutik alesan.
Ahirna duaan urang meunang teguran sarta dipénta supaya émut jeung henteu ngulang deui. Bari asup ka kelas, kuring jeung Yesila silih pandang, terus seuri babarengan.
“Gerbang sakola téh siga panggung,” ceuk Nayla. “Unggal isuk aya drama anyar.”
Yesila ngawalon, “Enya, tapi urang sok jadi aktor utamana.”
nayla slsabla