Sahabat nu moal pegat

Sahabat nu moal pegat

“Sahabat Nu Moal Pegat”

Di hiji sakola , aya dua budak awéwé ngaranna Nèng aul jeung Nèng kesya. Duanana geus babarengan ti kelas 10 , ti awal kelas 10 tepika ka ayena kelas 11. maranéhna ayeuna kelas 11 sma Sakapeung batur sok nyebutkeun yén panon aul jeung kesya téh sarua sipitna , sanajan kanyataanana teu aya samina.

Unggal isuk maranéhna sok indit ka sakola paheula heula datang .  tapi nu sok pang heulana datang tèh nèng aul , Nèng kesya mah datang na sok beurang wae , sanajan imah na tèh deuket ti sakola . tapi anehna tèh mangkat na sok beurang  , teu aya ka isin ku nèng aul nu tebih ti sakola.  Nepi ka babaturan nu sejena nu di sakolana sok ngomong , “ beurang wae nèng kesya mah mangkat na , padahal leuwih deket ti sakola imahna " 

nèng aul mah tara kaluar kelas  , jalma na horeaman ,sedangkeun nèng kesya mah resep pisan kaluar kelas teu daek cicing jalmana , mun nèng kesya ngajak nèng aul kaluar tèh pasti walerna tèh aim wae , sanajan nèng kesya jadina sok kaluar kamana daek na sorangan. neng aul tèh sok asa karunya ka nèng kesya ai mun nèng kesya ngajak untar anter tèh , tapi da kumaha deui nèng aul tèh horeaman jalmana.

poè ka poè maranéhna ngalakukeun kasusahan Jeung kabungahan babarengan , reung maranèhana saling ngertikeun , lamun nèng aul ker horeameun mikir , nèng kesya nu mikir nerus we kituu sabalikna mun nèng kesya horeameun mikir nèng aul nu mikir , Ngan teu saterasna kitu, aya ku manana lamun maranehanna semanget maranehanna bakal ngerjakeun babarengan . kasusah maranehanna di jalakeun babarengan , teu Aya putus ti babarengan etaa. 


nèng aul sareng nèng kesya boga panuju nu sami , nèng aul badè neraskeun kana kasèhatan , nèng kesya oge sami badè neraskeun kana kasèhatan , nèng aul sareng nèng kesya bungah , ku sabab boga babaturan nu bakal sapanuju isukanna jadi nèng aul sareng nèng kesya boga samangat babarengan jeung nujukeun masa depan nu ek dituju.


Nanging, perjalanan maranéhna henteu salawasna mulus. Aya hiji waktu, Nèng kesa jeung nèng aul kantos paheulaheulaan. Éta téh lantaran aya rerencangan sakelas nu ngahaja ngadu domba. nèng kesa diomongkeun mun nèng aul sok sirik, ari ka nèng aul disebutkeun yén nèng kesa sok hayang unggul sorangan. Ku omongan batur, duanana sempet ambek, henteu bareng indit sakola sababaraha poé.

Ngan, dina jero haté duanana ngarasa kosong. Teu aya deui nu ngadéngékeun carita nalika réngsé sakola, teu aya deui nu ngabagi sangu di kantin. Tungtungna, duanana sadar yén batur téh ngan ukur hayang misahkeun. nèng kesa ngadeuheus ka imah nèng aul, bari mawa kueh peuyeum goréng nu jadi karesepna nèng aul. Waktu panto dibuka, duanana langsung ceurik jeung rangkul-rangkulan.

Ti harita, maranéhna sapuk yén pertemanan téh kudu dijaga ku kajujuran jeung kasatiaan. Teu meunang gampang kapangaruhan ku omongan batur. Duanana percaya yén babaturan sajati téh bakal tetep aya sanajan loba godaan.

Nepika ayeuna, nèng kesa jeung nèng aul masih babarengan. Maranéhna henteu ngan ukur babaturan di sakola, tapi geus kawas dulur sorangan. Lamun aya nu nanya, “Naha anjeun moal pegat?” jawabna sok sarua, “Sanajan waktu ngarobah sagalana, tapi urang bakal salawasna ngajaga silaturahmi. Persahabatan urang moal pegat.” 

karya : aulia kusuma pratiwi dan kesya andriani saputri Xl.1