Ngimpi Jadi Seniman

Carpon éta nyaritakeun Dika, budak anu mikaresep kana seni, utamana ngagambar. Tapi, cita-cita jeung minatna teu dirojong ku kulawargana, utamana bapana nu leuwih milih Dika fokus kana pendidikan formal jeung neangan pagawean nu bener. Sanajan nyanghareupan loba tangtangan jeung penolakan, Dika tetep pengkuh jeung narékahan pikeun ngudag cita-cita jadi Seniman.

Ngimpi Jadi Seniman

Di hiji lembur, aya hiji budak SMA, nami na téh Dika. Ti leutik, anjeunna geus boga karesep nu béda jeung babaturan nana. Lamun nu séjén resep ulin bal, layangan, atawa nyiar ka sawah, Anjeunna betah waé di juru imah bari nyekel patlot jeung kertas. Anjeunna bisa sababaraha jam ngagambar teu ngarasa cape. Tangkal, manuk, sagala rupa hewan, nepi ka raray tatangga ogé sok dijadikeun sketsa.
Karesepna ka dunya seni sok ngajadikeun anjeunna leungit dina jagat sorangan. Mun ningali langit beureum panonpoé tilelep, anjeunna sok nyarita dina haté, “Warna ieu alus pisan, mun bisa kuring lapisan kana kertas, pasti bakal leuwih hirup.” Tapi, sanajan haténa pinuh ku kahayang, kulawargana teu pati ngahargaan.

Bapana saurang patani anu teuas haté. Unggal nempo Dika keur ngagambar, sok aya waé omongan nu mantak nyeureud.
“Dik, ulah waé nyéépkeun waktu jang ngagambar! Moal aya guna na! Mending nulungan bapak di sawah. Geus waktuna mikir kumaha carana meunang sangu, lain ngagambar wae! ”
Indungna mah rada leuleus, tapi sarua waé maksudna.
“Ieu téh jaman hésé, Jang. Jadi seniman mah jarang nu hasil. Lamun rék maju, sakola nu bener, tuluy meunang pagawean nu pasti.”
Omongan kitu matak nyeri di haténa. Sok kadéngé siga panto nu digébrétkeun, ngahalangan anjeunna pikeun ngudag impian. Tapi Dika teu gampang nyerah. Anjeunna terus nyokot waktu keur ngagambar, sanajan kudu nyumput bari make lampu lilin peuting-peuting sangkan henteu katempo ku bapana.

Di hiji poe, sakolana ngayakeun lomba poster ngeunaan kabersihan lingkungan. Guru seni rupa ngadorong Dika pikeun milu. Kalawan semangat, anjeunna nyieun gambar nu merepeskeun ati gambar leuweung nu geulis, tapi bagéan séjénna kotor ku runtah. Tulisanna sederhana“Lingkungan Bersih, Haté oge milu bersih.”
Nalika hasil lomba diumumkeun, Dika meunang juara kahiji. Anjeunna dibéré piagam jeung buku gambar anyar. Haténa harita ngagedur ku kabungahan. Anjeunna ngarasa aya jalma nu ngaku yén bakatna téh aya gunana.

Tapi kabungahan éta teu lila. Nalika anjeunna némbongkeun piagamna ka imah, bapana ngan ukur nyerengeh.
“Piagam? Bisa dijual teu? Bisa ngeusian beuteung teu? Nu dipikabutuh ayeuna téh duit, lain kertas nu ngan ukur dihias-hias.”
Indungna ogé ngan mesem tipis, teu nunjukkeun kareueus nu dipiharep ku Dika.
Dika balik ka kamar bari ngagolér, piagamna disimpen di laci. Cimata ngocor saeutik-saeutik. Dina jero haténa, aya sora nu nyarita, “Meureun bener, ngagambar mah moal ngarahkeun ka mana-mana.” Tapi sora séjén ngagolak, “Ulah! Ulah ngadéngé éta omongan. Haté maneh sorangan nu apal naon nu jadi kahayang.”
Untung, aya hiji jalma nu percaya ka dirina, guru seni rupa di sakola, Pak Andri. Sakali waktu, sanggeus pelajaran réngsé, Pak Andri ngadeukeutan Dika.
“Dik, gambar Dika saé. Malah aya rasa dina garis-garisna. Teruskeun, ulah sieun ku omongan batur. Seniman téh sok dianggap anéh, tapi ti dinya lahir kaéndahan dunya.”
Kecap éta ngageterkeun haténa. Saperti cai tiis nu manjur kana leungeun nu keur kana panas. Anjeunna ngarasa aya nu ngarti jeung mere sumanget. Ti harita, Dika leuwih percaya diri. Anjeunna terus latihan, nyieun sketsa, ngalukis ku cat saeutik-saeutik, sakumaha mampuhna.
Sanajan kitu, hirupna di imah teu beuki gampang. Bapana terus maksa supaya anjeunna nyiapkeun diri neruskeun kuliah ka jurusan pertanian atawa teknik. “Éta mah jelas aya pagawean, Dik. Ulah mikirkeun seni anu moal aya tungtungna!” kitu ceuk bapana.
Dika sok waé bungkem, teu wani ngabantah. Tapi dina jero haténa, anjeunna hayang pisan asup ka seni rupa di universitas. Anjeunna hayang boga kahirupan nu sakali waktu bisa ngabuktikeun ka kulawargana yén seni ogé bisa jadi jalan.

Mun babaturanana sibuk latihan ujian, Dika sok nyumput di kamar bari terus ngagambar. Malah, anjeunna kungsi ngajual sababaraha lukisan leutikna ka tatangga nu resep, sanajan mayarna ngan ukur saeutik. Tapi duit éta dipaké pikeun meuli kuas jeung cat. 
Unggal peuting, nalika lampu minyak geus dipareuman, Dika masih kénéh hudang, nembuskeun rasa cape bari nyekel patlot. Anjeunna ngagambar sagala anu aya dina pikiranna impian, ngarasa sedih, jeung harepan.

Dina hiji gambar, anjeunna ngaguratkeun hiji lalaki nu keur jalan di sawah, beban dina tonggongna nu beurat, tapi di leungeun na aya kertas jeung patlot. Eta gambar jadi simbol dirina sorangan budak patani nu boga impian béda, nu hayang kaluar tina jalur nu geus digariskeun ku kulawargana.
“Lamun batur bisa jadi dokter, insinyur, naha kuring teu bisa jadi seniman?” kitu ceuk haténa.
Sok aya rasa sieun, sieun gagal, sieun kulawargana beuki ambek. Tapi unggal kali rasa sieun datang, anjeunna nginget deui kana kecap guruna. Eta kecap jadi pupujieun, jadi suluh keur ngajaga seuneu dina jero haténa

Mangsa lulus SMA beuki deukeut. Kulawargana terus nyurung sangkan anjeunna ngadaptar ka jurusan nu “aman.” Tapi Dika geus mutuskeun haté. Anjeunna rék nyobian asup ka fakultas seni rupa. Anjeunna sadar jalan nu dipilih bakal hese, loba panolakan, loba halangan. Tapi lamun anjeunna henteu ngudag impianna ayeuna, iraha deui?

Peuting saméméh ngirim formulir, anjeunna calik di juru kamar, ngaguratkeun gambar panonpoé nu ngagurilap. Dina gambarna, aya budak nu ngaleupaskeun seuri bari nyekel kuas. Eta budak jelas gambaran dirina sorangan.
“Abdi moal mundur,” ceuk anjeunna lirih. “Hirup mah sakali. Mun hayang jadi seniman, ayeuna waktuna.”
Sanajan kulawargana teu sapagodos, sanajan batur loba nu ngaragukeun, Dika yakin yén harepan téh moal pareum lamun terus dijaga. Ngimpi jadi seniman, pikeun anjeunna, lain ukur kahayang kosong. Tapi éta téh jalan pikeun jadi dirina sorangan.