PANUNGTUNGAN SEURI FALAN
Carita ieu nyaritakeun ngeunaan Falan, budak SMA anu seuri-na sok ngahaneutkeun unggal poé di sakola. Di balik seuri éta, nyumput kahirupan anu pinuh ku lelah, kasusah, jeung kasedihan sanggeus indungna maot jeung hirupna teu deui karasa boga pangayoman. Sanajan haténa luka, Falan tetep ngusahakeun nyebarkeun kabagjaan ka batur, nepi ka tungtung hirupna nalika anjeunna pupus dina kacilakaan peuting hujan. Pupusna Falan ngantunkeun pangeling yén seuri pangindah kadang lahir tina haté anu paling nyeri, jeung yén kadang jalma anu pangceriana téh nu sabenerna pangsepina.
Langit isuk di SMA Nusantara sok sarua wé. Rame, caang, pinuh ku sora seuri barudak sakola. Di tengah karamean éta, aya saurang murid lalaki anu sok narik perhatian ku seuri-na, Falan.
Awakna teu pati jangkung, buukna sok siga can kasisir, tapi panonna nyimpen sumanget anu karasa teu kungsi pareum.
Falan téh murid kelas XI IPS 2, kasohor ramah, lucu, jeung gampang babarayaan. Ampir kabéh guru resep ka manéhna, kitu deui babaturan sakelasna. Lamun suasana kelas keur tegang, cukup antosan Falan muka biwir, tawa barudak langsung meletus.
“Woi, Falan! Ulah direbut balna wé, atuh! Bagikeun saeutik ka batur!” ceuk Reno ti tengah lapang.
Falan ngan seuri tarik.
“Lamun kuring bagi terus, iraha atuh aranjeun meunangna, hah?” pokna bari ngagiring bal lajeng ngaléngkah ka ring.
Balna asup sampurna, babaturanna sorak gumbira.
“Falan curang, éta bal geus kaluar garis!” ceuk Jeky bari ngajerit.
Falan ngan seuri deui, kesang di tarangna némbong nyilau ku panonpoé sonten.
“Curang kumaha, Jek? Meureun panon maneh nu minus!” pokna bari ngalungkeun bal deui — gaya asal tapi anéhna sok asup.
Kitu atuh Falan, budak anu teu kungsi gagal ngajadikeun suasana hirup. Di antara opat sobatna — Reno, Dika, Jeky, jeung Hesa — manéhna nu pangceriana. Tapi ngan ukur Hesa anu terang, di balik seuri jeung canda éta, aya beurat nu dipikul nyorangan.
Bagi saha waé nu ningali, Falan téh sigana budak nu pinuh sumanget.
Unggal balik sakola, Falan tara langsung mulang ka imah. Anjeunna leuwih resep mampir heula ka warung dahar tempat manéhna digawé saparoh waktu. Seragam sakolana can diganti, awakna sok kaciri capé sanggeus nyuci gelas, nganteur pesenan, kadang nulungan nepi ka nutup warung peuting. Sadayana dilakukeun lain sabab hayang, tapi sabab kudu.
“Fal, maneh teu capé?” ceuk Hesa hiji sonten, nalika Falan rék naék kana motorna.
“Capé sih,” ceuk Falan bari seuri leutik.
“Tapi leuwih capé deui lamun teu bisa mayar SPP. Kuring teu hayang eureun sakola, Sa.”
Hesa nunduk. Manéhna terang, kulawarga Falan ayeuna geus béda. Ti saprak indungna maot dua taun ka tukang, bapana kawin deui jeung awéwé ngaran **Bu Rani**, anu boga anak lalaki ngaran **Gavin**, sabaya jeung Falan. Ayeuna maranéhna cicing sakulawarga, tapi karasana siga cicing di imah jalma séjén.
Sanggeus nepi ka warung, Falan langsung mimitian pagawéanana. Leungeunna mimiti ngagosok piring kotor anu numpuk. Maklum, warung éta sok loba pisan nu datang.
“Falan, reureuh heula, nya, Nak. Maneh kaciri capé pisan,” ceuk **Bu Lestari**, anu boga warung, hiji peuting.
“Teu nanaon, Bu. Mun abdi eureun, saha nu rék nyésakeun pagawean?”
pokna bari ngusap kesang di tarang.
Padahal sabenerna awakna geus gemeter ku lelah.
Duit hasil gawéna teu sabaraha, tapi cukup pikeun meuli tuangeun jeung mayar saeutik tina tunggakan SPP. Soalnya di imah, teu aya deui nu paduli.
Bapana jarang balik, indung kandungna geus teu aya, jeung ti saprak bapana nikah deui jeung Bu Rani, Falan ngarasa yén imah téh geus lain tempat pikeun mulang.
Di imah, anu nyambut lain deui pelukan indung atawa sapaan bapak, tapi sora tiis ti Bu Rani jeung tatapan sinis ti adina tiri, Gavin, anu sakolana ogé di SMA nu sarua.
Sanajan kitu, sanajan hirupna tiis, Falan tetep usaha jadi jalma nu haneut ka dunya.
"Lamun kuring eureun seuri, saha deui nu rék nyieun poé batur jadi leuwih hadé?” ceukna ka Hesa dina hiji sonten.
Hesa ngan bisa nunduk, nahan haru, ningali sobatna anu sakitu kuatna sanajan haténa pinuh ku luka.
Peuting éta, Falan nepi ka imah kira-kira jam satengah dua belas. Awakna baseuh ku hujan, leungeunna kaku ku tiis. Nalika manéhna asup ka ruang tamu, sora tiis langsung ngagebray nyambut.
"Maneh ti mana wé peuting kieu?” sora Bu Rani tarik, nadana asa teu karasa boga kanyaah.
"Kénging damel, Bu. Falan mah parantos béjakeun,” ceuk Falan pelan, sirahna nunduk.
"Damel, damel! Ceuk maneh sok damel, tapi imah siga kapal péngpéongan! Piring teu acan di cuci, lanté kotor!”
Falan narik napas panjang. “Sugan tadi Gavin—”
“Ulah nyalahkeun adik sorangan! Anjeunna keur diajar pikeun masa depan, lain siga maneh, damel teu écés kitu!” bentak Bu Rani deui, matana ngelékét kana Falan siga teu aya rasa.
Ti tengah ruang, Gavin nempo sakedapan, terus ngagerentes leutik.
"Sudah, Bu, ulah ribut. Abdi rék diajar deui,” ceukna bari leumpang ka kamar.
Falan teu nyarita nanaon. Anjeunna ukur ngaleupaskeun sapatu, terus leumpang lalaunan ka kamarna di pojok imah. Peuting téh sepi pisan.
Dina kamar leutik éta, Falan calik di gigireun ranjang, ngelotot kana poto indungna nu aya dina méja leutik. Poto éta geus rada luntur, tapi beungeut indungna katingali tetep seger jeung hampang.
“Bu… abdi kuat, nya?” ceuk Falan pelan pisan, siga sieun aya nu ngadéngé.
“Abdi kudu kuat… Abdi janji moal nyusahkeun saha-saha.”
Suarana ngageter, panonna rada beueus.
“Abdi ngan hayang ningali Bapa seuri deui… siga baheula.”
Tapi peuting éta teu aya jawaban. Nu kadéngé ngan sora hujan di luar jandéla, lir ibun nu ngadangukeun jeung milu sedih.
Di antara kasibukanana, aya hiji hal anu teu bisa Falan kendalikeun: perasaanna ka Alea.
Alea téh budak awéwé anu pinter jeung lemes tingkahna, ti kelas sabrang. Unggal isuk, Alea sok nyapa bari seuri leutik, “Pagi, Fal!” — ngan sakitu wé, tapi keur Falan, éta geus cekap pikeun ngajadikeun sapoéna caang.
Unggal Alea seuri, saolah dunya nu biasana poék jadi rada caang.
Unggal Alea ngaliwat, jantungna Falan sok deg-degan, leungeunna kaku, sora henteu kaluar.
Hesa sok ngagoda, “Eh, Lan, maneh téh siga budak leutik naksir tatangga, sumpah.”
Falan seuri tarik, “Heueuh, enya. Tapi lamun kuring nyebut resep, paling ogé ditolak. Manéhna béda tingkatan.”
Tapi hiji poe, haténa Falan ngadorong sorangan pikeun wani.
Jam pulang sakola, Falan ngadagoan Alea di taman tukangeun sakola. Leungeunna rada gemeter, napasna teu teratur.
Nalika Alea datang, Falan nyoba seuri, sanajan jantungna karasa beurat pisan.
“Alea… abdi resep ka anjeun. Abdi terang, abdi sanés saha-saha, tapi ieu beneran, abdi serius,” ceukna kalem, tapi sora rada ngageter.
Alea ngeureunkeun léngkah, seuri rada kikik.
“Hapunten, Falan… anjeun budak alus. Tapi… abdi tos sareng Arga ayeuna.”
Sagala jadi sepi. Angin ngan ngageleger leutik ngaliwatan taman.
Tapi Falan, siga biasa, maksa seuri. Seuri nu teuing sabaraha loba nyeri di jerona.
"Oh kitu nya… nya alus atuh. Wilujeng, anjeun duanana cocok pisan.”
Seuri éta siga kilat, tapi matana jelas ngagurilap ku nyeri.
Alea rék ngomong deui, tapi Falan geus ngaléngkah indit.
Di juru tangga sakola, Hesa manggihan manéhna keur calik, meneng.
"Ditolak?” ceuk Hesa pelan.
Falan ngangguk bari seuri hampang.
"Heueuh. Jigana abdi téh teu pantes pikeun dicinta.”
Tawa éta karasa hampang, tapi panonna beueus. Anjeunna langsung indit saméméh cimata bisa murag.
Ti harita, Hesa ngarasa aya nu robah ti Falan. Anjeunna masih seuri, masih canda, tapi seuri éta siga nyimpen hiji sunyi anu jero pisan.
Isukna, sakola karasa biasa deui. Teu aya nu nyangka aya anu robah dina diri Falan. Anjeunna datang kalayan seuri lega, siga biasa.
“Lan! Sore ieu futsal, ikut teu?” ceuk Arvin.
“Teu bisa, Vin. Abdi aya damel.”
"Damel deui, damel deui! Maneh téh rumaja, lain bapak-bapak!” ceuk Reno bari seuri tarik, dituturkeun ku tawa sakelas.
Falan ngan seuri deui, “Namina ogé rumaja tangguh. Nyiar duit saeutik keur masa depan.”
Tawa éta kedengena ringan, tapi ngan Hesa nu terang, sabenerna éta tawa téh beurat pisan hartina.
Poé-poé salajengna, beban hirup Falan karasa beuki nambahan. Duit hasil damel peuting teu cukup pikeun mayar tunggakan SPP anu geus tilu bulan nunggak. Guru BK sempet nyauran anjeunna ka ruang konseling.
"Falan, Ibu terang maneh budak alus jeung rajin. Tapi SPP maneh geus tilu bulan teu dibayar. Maneh terang akibatna?”
ceuk Bu Ratna kalayan sora lemes.
Falan ngangguk lalaunan.
“Terang, Bu. Abdi keur usaha. Mugia minggu payun tiasa dibayar.”
Bu Ratna nempo ka anjeunna kalawan rasa prihatin.
"Maneh teu nyaritakeun ka kolot?”
Falan seuri, seuri nu samar.
“Abdi teu hayang nyusahkeun, Bu. Abdi tiasa, Insyaallah, sorangan ogé.”
Kitu atuh Falan. Budak anu sok nutupan lukana ku seuri, sanajan dunya keur nindih haténa.
Minggu-minggu saterusna, Falan beuki jarang katingali seger. Anjeunna sok kasampak sare di kelas, rarayna pucet, tapi tetep maksa pikeun damel peuting.
Hesa sok nyarita,
“Lan, reureuh heula atuh. Lamun maneh gering, saha nu rék ngajaga maneh?”
Tapi Falan ngan seuri samar.
"Tenang wé, Sa. Abdi teu bakal ragrag. Abdi geus biasa nyalira.”
Sanggeus bel pulang, Falan langsung ngaléngkah gancang ka warung tempat damel. Anjeunna damel nepi ka peuting, sakapeung nepi ka jam sapuluh leuwih.
Peuting éta hujan ragrag deres pisan. Warung geus rék tutup, tapi Falan masih kénéh nyapu, ngaberesihan méja bari ngagumam pelan.
“Ternyata teu kabéh hal anu urang perjuangkeun bakal balik deui, nya…”
Bu Lestari ningali manéhna, panonna rada ngenes.
"Fal, istirahat heula atuh, Nak. Geus peuting, hujan kieu. Nginep di dieu wé heula, nya?”
Falan ngoyag sirah leutik.
“Hatur nuhun, Bu. Tapi mun abdi teu mulang, engké dibilang males deui.”
Anjeunna maké jas hujan, tuluy kaluar bari nyoréang motor bututna. Jalan licin, lampu jalan semu poék, panonna geus beurat ku lelah. Dina pikiranana, sora-sora masa lalu ngadadak mucunghul — seuri babaturan, bentakan indung tiri, sora Alea, jeung sora lembut indungna di jaman baheula.
“Bu… abdi capé,” ceukna lirih, teu kahaja kaluar tina biwir.
Sakali deui lampu mobil ti hareup ngadadak nyilaukeun. Falan ngarémpak rem, tapi remna teu jalan. Sadayana kajadian gancang. Sora hujan, sora benturan, lajeng sepi.
Awakna kagét, motorna kabur, lajeng manéhna murag ka jalan baseuh ku cai. Getih ngalir lalaunan, napasna beurat. Panonna nyawang langit anu kabur ku hujan.
“Bu… abdi capé… tapi abdi bahagia, kok…”
Senyum leutik masih katingali dina biwirna, sanajan napasna geus ngaleutikan.
isuk-isukna, sakola kacida sepi. warta nyebar, yén Falan Arsha geus kapundut peuting kamari. hujan masih turun, siga langit ogé milu nangis.
Dina pamakaman basajan, tangis ngalanglayung. Hesa nangtung panghareupna, panonna beureum. Anjeunna nyimpen surat leutik di luhur bunga melati, bari nyarita pelan.
“Lan, maneh sok nyebut ‘teu nanaon’, padahal sabenerna maneh teu saéstuna baé. Hapunten, abdi teu kungsi bener-bener ngadéngé.”
“Maneh sok hayang kabéh jalma bagja. Ayeuna giliran maneh, nya, pikeun tenang. Hatur nuhun geus ngajarkeun kumaha carana seuri sanajan keur nyeri.”
"Dunya kaleungitan seuri pangindahna.”
Alea datang lalaunan, nyimpen kembang bodas di makam Falan. Panonna nyirorot ku cimata.
"Hapunten, Fal. Abdi telat nyadar… yén seuri maneh téh lain sabab bahagia, tapi sabab maneh keur nyumputkeun luka.”
Manéhna nyimpen buku catetan leutik anu baheula kungsi dipinjem ti Falan.
"Abdi nyesel, Fal. Abdi nyangka maneh kuat sabab bahagia, padahal maneh kuat sabab teu boga pilihan.”
Rintik hujan ngiringan kecap-kecap éta. Sadaya jalma nu kungsi wawuh jeung Falan ayeuna sadar — sok sanajan jalma nu pangceriana, bisa jadi anu pang jero lukana.
Ti harita, unggal sonten nalika langit jadi jingga, babaturan Falan sok ngariung di lapang basket. Maranéhna ngadon nengetan langit bari seuri saeutik.
"Tingali, langitna siga warna seuri Falan,” ceuk Reno.
Alea seuri lirih, nyawang ka langit anu caang tapi karasa nyeri.
“Enya… siga anjeunna masih di ditu. Masih seuri, siga biasa.”
"Éta seuri Falan… nu teu kungsi leungit, sanajan anjeunna geus indit.”
citraa