Mimpi Nu Ka Kubur
Tya téh budak awéwé anu resep ngojay. Manèhna latihan unggal dintenna pikeun ngudag impianna janten perenang. Sanaos nyanghareupan halangan sapertos gering, gagal kompetisi, kaleungitan kacasoca, sareng pandémik COVID-19 anu nyababkeun ngabatalkeun lomba, Tya tetep sumanget pikeun ngudag impianna. Nanging, ahirna Tya kedah ngantunkeun cita-cita janten atlit kusabab kaayaan kauangan kulawargana ngahalangan anjèunna neraskeun pelajaran renang. Tya nurut kana kahayang kolotna, sanajan nyeri haté. Manèhna masih nyepeng cintana ka cai sareng ngadoakeun yén hiji dinten bakal aya jalan pikeun ngajantenkeun impianna.
Mimpi Nu Ka kubur
Dina hiji lembur aya budak ngaranna Tya. Ti leuleutik manéhna geus resep pisan kana renang. Unggal aya waktu lowong, Tya sok renang caket lembur pikeun ulinan cai jeung kaluargana. Di hiji waktu Tya kèur renang jeung babaturanna ningali anu les renang meni resep ningalina, Tya kabita ku sabab manèhna hoyong janten atlit renang. Saatos renang anjèunna ménta izin ka kolotna, kolotna satuju lamun Tya ngiringan les renang ku sabab kolotna gé hoyong ningali Tya janten atlit renang.
Tya latihan tara kur latihan hungkul anjèunna hoyong jadi anu terbaik ku sabab hoyong ngiring lomba di Tasik. Hiji waktu Tya gering cacar janten tèu tiasa ngiringan les renang heula, mung waktos lomba renang di Tasik teh sakedap deui. Saatos Tya cageur ti gering cacar, manéhna langsung ngiringan lomba di bulan november manèhna teu percaya mun bisa jadi juara ngan kusabab ku mamah di sumangetan jadi manéhna boga tarékah sangkan jadi nu terbaik. Saatos anjeunna lomba pengumuman tos langsung aya, anjèuna ningali ngaranna ngan aya di urutan ka 25. Mamahna langsung nyumangetan kusabab ièu lomba teh awal ti sagalana, gagal sakali tèu kunanaon ku sabab di harèup aya lomba keneh. Anjeunna sedih ku sabab teu tiasa ngabanggakèun(nyieun reueus kolotna) orang tua na.
Latihan kacumponan ti tahun ka tahun, lomba nu ka 2 akhirna Tya bisa ngiringan dèui di tempat anu sarua, manèhna ngiringan 2 jenis perlombaan nyaèta nu kahiji gaya bebas 50 meter, anu ka dua kaki bebas 50 meter. Pengumuman diumumkèun manèhna aya di urutan ka 10 Dina haténa manéhna boga kahayang gede pikeun bisa asup kana 5 besar. Manèhna sedih nanging kolotna ngomong "Nak, mamah atos bangga kusabab bisa asup kana 10 besar, ièu perlombaan teh tingkat provinsi janten 10 besar ge atos nyièun mamah bangga." Manehna jantèun semangat deui kusabab aya lomba hiji dèui anu kudu ngawakilkèun sakolana janten manèhna kudu latihan sing bener.
Di sakola Tya ngawakilkeun jang perlombaan o2sn. Manehna bahagia pisan kusabab tos di percaya jang ngawakilkeun sakolana, manèhna ngiringan tes heula di kolam renang waterpark banjar sareng rerencangan anu sanesna. Tos ngiringan tes manèhna teu nyadar mun kantong alat alat renangna teu di sleting di perjalanan dugi ka imah, manèhna karak nyadar mun eta kantong teu di sleting. Manèhna panik kusabab kacamata renang karesep manèhna teu aya. Di teangan di tempat tes dugi ka jalan nuju ka imah tapi tèu aya, manèhna mènta kacamata anu anyar kusabab waktos lomba teh tos caket. Ayahna tèu ngizinan mun mèuli kacamata anyar jadi manèhna make kacamata anu heubel. Waktos perlombaan teh tos caket mung kusabab panyakit covid-19 tos asup ka indonesia janten perlombaan teh di batalkèun. Manèhna teh nyèuri hate ku sabab eta lomba teh impian manèhna, mung kusabab eta panyakit janten tèu tiasa lomba.
Sa tahun manèhna teu latihan renang ku sabab panyakit eta tèu acan lèungit. Awal mula impianna kudu di kubur didieu kusabab faktor ekonomi kolotna teu tiasa ngabiyayaan dèui les renang. Tya hoyong lanjut les renang Mung kolotna teu ngizininan "Nak, indung jeung bapa tèu tiasa ngabiyayaan deui kusabab bapa teu aya artos." Manèhna sedih kusabab kudu ngubur mimpi na.
Ahirna tya nurut kana kahayang kolotna. Manéhna tèu deui latihan renang, alat renangna ditunda sing jauh. Unggal manéhna ningali kolam renang, haténa karasa nyelekit. Impianna jadi atlit renang dikubur jero-jero dina jero haténa.
Mung dina jero haténa Tya tetep nyimpen rasa cinta kana cai. Sanajan ayeuna manéhna henteu bisa ngudag impina, manéhna tetep ngado’a supaya hiji poe aya jalan pikeun ekonomi kolotna bisa nyieun manèhna ngalanjutkèun impian eta.