Sireum Ngangkat Gajah
Sireum Ngangkat Gajah : Awal Leutik lain harti teu boga sumanget, awak leutik lain harti teu gaduh kawani - Karya Andini sareng Greccya
SIREUM NGANGKAT GAJAH
Dina hiji poé anu caang di pilemburan, Cécép, sireum leutik anu awakna lemes tapi haténa teuas, nuju gotong royong ngumpulkeun sésa-sésa béas kanggé cadangan usum ngijih. Panonna mah seukeut pisan, sanajan awakna alit. Anjeunna leumpang bari nanggung siki anu langkung ageung tibatan sirahna.
"Duh, Gusti, rada abot, nanging kedah diikhtiaran," saur Cécép dina haténa.
Pas anjeunna badé asup ka liangna, ti kajauhan kadéngé sora "gubrag... gubrag..." anu pohara tarik. Ujug-ujug, datang Gajah Bérésa, gajah pangageungna di leuweung éta. Anjeunna leumpang tanpa ningali kaayaan sakurilingna.
Tapak sukuna Gajah Bérésa badé pisan nincak ka Cécép! Bayangan suku gajah anu hideung ageung téh geus nutupan panonna Cécép.
Gajah Bérésa (dina haté, ngagerendeng): "Aduh, bet asa aya anu nyekelan suku ieu téh. Hampura, teu ningali!"
Cécép (bari ngagorowok, sorana lemes tapi ngandung tanaga): "Mang, ulah gugulingan waé atuh! Abdi nuju nyusun bekel ieu téh. Upami ditéwak, moal tiasa damel!"
Kalayan kakuatan anu teu disangka-sangka tina sumangetna, Cécép sanés lulumpatan kabur, tapi malah nyurungkeun suku Gajah Bérésa.
Dug!
Suku Gajah Bérésa anu sakuduna nincak, malah kalahkah kaangkat saeutik. Nanging, kusabab awak Gajah téh ageung teuing sareng teu saimbang, anjeunna jadi oleng teras ngagebrak labuh kana taneuh.
Gajah Bérésa (ngagerendeng, nahan nyeri): "Aduh, ampun! Saha ieu anu nyurung téh? Asa sireum leutik?"
Cécép (kalayan nada anu tenang tapi pasti): "Hapunten, Mang. Abdi Cécép. Upami leumpang mah, kedah ningali ka payun sareng ka handap, bilih aya mahluk leutik sapertos abdi."
Gajah Bérésa (rada éra): "Ampun, Cep Cécép. Kuring téh asa teu percaya, awak salira anu leutik tapi tanaga na geuning kawas buta. Hapunten kuring henteu ningali."
Ti saprak harita, Gajah Bérésa sok ati-ati upami leumpang. Anjeunna janten sobat dalit sareng Cécép, sareng ngabantuan Cécép ngangkut sésa-sésa kadaharan ka liangna.
Andini