Rasa Nu Teu Kudu Diungkapkeun
cinta senior ka junior nu teu bisa di ungkapkeun sabab kakaitan organisasi
Kuring Shafa, siswi kelas XI. Salah sahiji senior di ambalan Pramuka sakola nu dipercaya jadi Juru Adat. Kuring sok dipercaya pikeun ngatur tata tertib jeung ngabimbing adik kelas, komo dina acara malabar atawa latihan mingguan. Sakabéh anggota sok nyebut kuring tegas, tanggung jawab, jeung salawasna ngajaga adat ambalan.
Tapi aya hiji hal anu teu kungsi ku saha waé apal. Di balik sagala kasibukan jeung ketegasan, kuring nyimpen rasa anu datang tanpa disangka, ka saurang adik kelas anyar ngarana Dida. Anjeunna anyar gabung kana ambalan waktu acara malabar sakola diayakeun.
Waktu éta, kuring meunang tugas ngatur jalanna upacara api unggun. Dida kapilih jadi salah sahiji junior anu maca Dasa Darma Pramuka. Sora jéntré oge pasti, jeung rarayna katémbong tenang dina cahaya api unggun. Dina kilap seuneu nu nari-nari di tengah poékna peuting, kuring ngarasa aya nu béda. Aya rasa kagum nu teu bisa dijelaskeun, sanajan ngan sakedapan.
Sanggeus acara réngsé, sakumaha adat ambalan, aya waktu pikeun perkenalan antara senior jeung junior. Dina kasempetan éta, kuring jadi leuwih wawuh jeung Dida. Anjeunna carita yén bapana geus teu aya,
indungna gering, sarta anjeunna kudu ngabantu kahirupan kulawargana bari tetep sakola. Anjeunna geus biasa hirup mandiri sanajan umurna masih kénéh sakola.
Ti harita, kuring sok nginget unggal kecapna. Aya kasederhanaan dina caritana, tapi ogé aya kakuatan nu ngajadikeun kuring ngarasa kagum.
Sanggeus leuwih wawuh, kuring jadi leuwih nyaho kumaha sabarna anjeunna. Unggal latihan, Dida sok datang pangheulana jeung mulang pangtungtungna. Mun aya anu kudu dibantos, anjeunna sok nyorangan ngalaksanakeunana tanpa ngeluh. Dina haté kuring,
aya sora leutik anu nyebut, “Budak ieu istiméwa.” Tapi kuring gancang ngusir éta sora, sabab kuring nyaho aya wates antara rasa jeung tanggung jawab.
Lila-lila, perhatian kuring ka anjeunna jadi béda ti ka junior séjén. Dida lain ngan rajin jeung hormat, tapi aya hal anu ngagerakkeun simpati jadi leuwih jero. Sanajan kitu, kuring sadar yén kuring Juru Adat, anu kudu ngajaga aturan jeung martabat ambalan. Kusabab kitu, kuring milih nyimpen éta rasa jero-jero, tanpa aya nu kudu apal.
Saban latihan, kuring sok ngarahkeun pandangan ka tempat Dida latihan. Lamun anjeunna nyieun kasalahan dina simpul tali atawa isyarat sandi, kuring ngadeketan bari ngabenerkeun, ngajelaskeun ku sora lemes. “Kieu, Dida, talina kudu kenceng saeutik deui. Pramuka mah henteu sakadar kuat, tapi ogé rapih,” ceuk kuring. Anjeunna ngan ngangguk, seuri leutik, matana némbongkeun rasa hormat anu jero. Tapi jero tatapan éta, aya nu teu bisa disumputkeun, rasa nu sami.
Sabenerna, Dida ogé nyimpen rasa anu sarua. Anjeunna sok ningali kuring ti kajauhan, ngagumkeun kumaha kuring bisa mimpin kalayan lemah lembut tapi tegas. Dina haténa, Dida ngaraos aya kahaneutan unggal ningali kuring seuri, tapi anjeunna nyaho yén éta rasa teu mungkin jadi nyata. Anjeunna sadar, Shafa téh lain sakadar senior biasa, tapi Juru Adat anu dijaga wibawana ku aturan ambalan.
Aya hiji poé, waktu latihan geus réngsé, urang dua-duaan katinggalan di lapang, ngabereskeun alat. Langit waktu éta warnana oranyeu, tanda panonpoé rék tilelep. Angin ti sisi lapang nyabak rambut kuring nepi ka murag kana rarayna. Dida nyandak tali nu kabeulit, tuluy nyebut leutik, “Kak, upami kuring salah, punten… kadang kuring sok teu bisa fokus mun Kak Shafa aya.”
Kuring kagét, tapi geuwat ngajawab kalem, “Hehe, henteu nanaon. Ngan ulah kitu deui, Dida. Urang di dieu kudu ngajaga sikap.” Anjeunna ngan seuri leutik, siga jalma anu nyaho yén harti tina kecap kuring leuwih jero ti éta.
Waktu ngaliwat, rasa éta teu luntur, ngan robah jadi diam-diam anu nyeri tapi éndah.
Nepika hiji poé, aya babaturan kuring anu ogé babaturan deukeutna Dida nyampeurkeun bari seuri leutik. Anjeunna nyarios, “Fa, sabenerna Dida téh aya rasa ka maneh. Tapi manehna teu wani ngomong. Manehna nyebut moal pantes, sabab maneh téh Juru Adat.”
Kuring ngan seuri, tapi jero haté karasa campur aduk antara kagét, bungah, jeung nyeri sakaligus. Tétéla, rasa anu salila ieu kuring simpen, sabenerna henteu nyalira. Aya balesanana, ngan duanana teu bisa diungkapkeun.
Sanggeus latihan panungtung saméméh pelantikan, Dida nyampeurkeun kuring bari mawa sapotong kembang tapak dara nu dicokot tina taman sakola. Anjeunna nyebut, “Kembang ieu saderhana, tapi kuat hirup sanajan di taneuh garing. Kuring miharep tiasa siga kitu.”
Kuring néwak éta kembang, terus ngajawab, “Dida tos siga kitu ti heula. Tiasa nangtung sanajan loba cobaan.” Aya eureun sakedapan antara urang. Panon papandangan, teu aya kecap séjén. Hanya seuri anu nyimpen sagalana.
Ti harita, Dida jadi anggota anu leuwih percaya diri. Anjeunna lulus pelantikan kalayan bangga, maké syal coklat poék tanda geus sah jadi anggota pinunjul. Sedengkeun kuring, di sisi séjén, ngarasakeun antara bungah jeung nyeri, sabab ti dinya urang dua bakal jauh, tapi tetep nyimpen rasa anu sami.
Waktu terus ngalir. Ambalan terus maju, anggota datang jeung indit, tapi aya hiji hal anu teu robah: kenangan ngeunaan peuting api unggun jeung hiji rasa anu teu kungsi diucapkeun. Kadang mun kuring nyalira di gudang ambalan, ningali alat latihan anu heubeul, aya bau leutik kayu jeung tali nu ngabalikeun sagalana kana waktu éta, waktu dimana kuring pikeun kahiji kalina ngarasa yén tanggung jawab bisa nyanghareupan rasa cinta.
Ayeuna, sanggeus sababaraha bulan, kuring geus leuwih damai. Dida ayeuna jadi panitia dina acara sakola, sering katingali sibuk, seuri, jeung jadi inspirasi pikeun junior séjén. Unggal ningali anjeunna, haté kuring ngan nyebut leutik, “Alhamdulillah, anjeunna bahagia.”
Sanajan kitu, dina jero haté kami duaan, aya hiji hal anu moal luntur ku waktu "cinta" anu teu kudu diucapkeun. Cinta anu cukup jadi panyemangat, lain pikeun dipiboga, tapi pikeun ngajaga kahadean jeung tanggung jawab anu leuwih gedé tibatan rasa pribadi.
Cinta anu teu kudu kasampak, tapi salawasna aya. Rasa nu teu kudu diungkapkeun tapi bakal salawasna hirup dina jero haté urang, sanajan teu aya kecap nu bisa ngagambarkeunana.
YuliaNadya113