Kangen di tungtung sore
#carpon#caritapondok#caritasunda
Poé kahiji sakola sanggeus libur panjang karasa rame. Kelas XI IPA 2 pinuh ku sora jeung canda tawa. Ilham, saurang budak lalaki rada cicingan, milih calik deukeut jandéla. Anjeunna leuwih resep cicing tibatan ribut jeung babaturan séjén.
Teu lila, saurang awéwé anyar asup ka kelas. Guru ngajelaskeun yén anjeunna murid pindahan ti kota séjén. Ngaran éta awéwé nya éta Clara. Anjeunna calik kalayan sopan, rarayna teduh, jeung aya seuri leutik nu matak ngeunah ditempo. Clara calik di korsi kosong gigireun Ilham.
Si Clara nyarios ka si Ilham,
“Punten abi tiasa calik di dieu?” ceuk Clara lemah lembut.
Ilham unggeuk. “Oh muhun mangga.”
Ti harita, maranéhna jadi babaturan sabangku. Mimiti mah ukur tukeran pulpen atawa nanyakeun catetan. Lila-lila jadi loba ngobrol nepi ka karasa beuki deukeut.
Hiji sonten, bél sakola nyora tanda bubar. Barudak kaluar bari ribut, Ilham jeung Clara beberes buku.
“Anjeun biasana sok uih dijemput atanapi naék angkot?” ceuk Ilham.
“Biasana mah abi sok dijemput ku Pun Bapa, tapi ayeunamah naék angkot", jawab Clara.
“Hmm kabeneran pisan abi nyandak motor nyalira, kumaha lamun anjeun bareng uihna sareng abi?".
Clara seuri bari nahan éra. “Emm muhun atuh hayu”.
Ti harita, maranéhna sok balik babarengan. Dina jalan sok loba obrolan ngeunaan guru, PR, nepi ka cita-cita.
“Lamun abi tos lulus SMA abi mah hoyong jadi dokter,” ceuk Clara.
“Wahh keren, lamun abi mah hoyong jadi panulis” ceuk Ilham.
Maranéhna seuri babarengan. Sore anu ngabeureuman langit siga saksi awal dua ati nu mimiti nyambung
Waktu ngalir, Ilham sadar yén haténa beuki resep ka Clara. Dina ultah Clara, Ilham nyiapkeun kado husus nyaéta hiji kembang mawar bodas. Sanggeus sakola bubar, maranéhna balik bareng. Di jalan anu sepi, Ilham nyodorkeun kembang.
“Cla... wilujeng ulang taun,” ceuk Ilham rada éra.
Clara reuwas, tuluy seuri bagja. “Ieu kanggo abi?”
Ilham unggeuk bari pipina beureum.
“Hatur nuhun, Ham. Ieu kado pangéndahna,” ceuk Clara.
Ti harita, hubunganana karasa leuwih haneut. Teu bisa disebut bobogohan ngan saukur babaturan deui.
Sataun jalan ka harep. Kelas XII datang jeung beban anu leuwih beurat. Clara kudu fokus diajar pikeun asup fakultas kadokteran. Ilham ogé sibuk nulis jeung latihan lomba. Lila-lila maranéhna jarang tepang. Pesan sok teu kabales.
Hiji peuting, Clara nyarios serius, “Ham, meureun urang kudu jarang tepang heula. Abdi kudu bener-bener fokus diajar.”
Ilham ngadéngé bari haténa nyeri, tapi anjeunna ngarti.
“Muhun. Abdi ogé kudu fokus. Tapi tong hilap ka Abdi, nya.”
Clara seuri tipis, panonna rada cireumbay. “Moal hilap ham.” Aranjeunna pisah, lain sabab henteu bogoh, tapi sabab milih ngudag cita-citana masing-masing.
Waktos kaléwat sa taun deui. Clara jadi mahasiswa kadokteran, sedengkeun Ilham suksés nerbitkeun buku munggaran. Duanana ngagapai impianna masing-masing, tapi di jero haténa aya rohangan kosong nu sok émut kana mangsa baheula. Unggal ningali sore, duanana sok inget deui kana leumpang babarengan di jalan anu sarua.
Mangsa sababaraha taun ti harita, sakola maranéhna ngayakeun reuni. Ilham datang. Sanggeus acara réngsé, anjeunna milih balik ngaliwatan jalan anu osok dipaké bareng jeung Clara.
Langit beureum, sore mulangkeun émutan.
Di tungtung jalan, Ilham ningali sosok anu kacida dipikawanoh nyaéta Clara.
“Clara...” ceuk Ilham lirih.
Clara ngalieuk, rada reuwas. “ Eh Ilham?”
Aranjeunna duaan cicing sakeudeung, karasa kabeungkeut ku jaman baheula.
“Abdi mikir urang moal patepang deui,” ceuk Clara.
Ilham ngadeukeutan, panonna neuteup jero.
“Abdi percaya, hiji waktos urang pasti patepang deui. Ti mimiti waktos, sore nu ngajadikeun urang patepang.”
Clara seuri bari cipanon ngalir. “Abdi kangen, Ham.”
Ilham ngajawab lirih “Abdi ogé... kangen ra.”
Peuting éta, sore lain ngan ukur ahir poé, tapi jadi awal anyar pikeun dua ati nu kantos kapisah.
Ilan fauzan adima