Waktos Nu Langka

Persahabatan anu sajati moal pegat ku jarak atawa waktu. Sanaos jarang patepung, haté nu nyambung bakal tetep ngajaga kasatiaan.

Waktos Nu Langka

Di hiji lembur anu hawana sejuk kénéh matak genah kana hirup. Di dinya, aya dua budak sakola nu sok disebut ku batur téh ”duo teu pisah”. Ngaran maranéhna téh Dina jeung Rani. Mimiti ti SMP, unggal poé maranéhna bareng, siga guludug jeung caah. Di sakola, maranéhna sok cicing di bangku panghareupna, padahal Dina leuwih resep cicing di tukang. Tapi demi Rani, Dina ngorbankeun tempat diukna. Ulin, diajar, nepi ka dahar bekel gé sok babarengan. Ari libur, imah salah sahijina sok pinuh ku sora seuri maranéhna.

Rani inget pisan, basa Dina meunang lomba maca carpon tingkat kabupatén. Dina nu biasana cuek téh ujug-ujug nangis bungah, ngagabrug Rani. "Rani, lamun euweuh manéh nu maksa, moal sugan urang daék nulis!" ceuk Dina harita, sora na rada sréak. Rani harita ngan ukur seuri, bagja ningali sahabatna meunang. Sanajan karakter maranéhna beda pisan Dina téh optimis realistis, ari Rani téh romantis idealis tapi maranéhna sapasang teu bisa pisah.

Tapi waktu terus ngalir, siga cai di walungan anu teu beunang ditahan. Tamat SMP, maranéhna kudu nyokot kaputusan gedé. Dina, lantaran préstasi akademisna anu luar biasa, ditarima di SMA unggulan. Sedengkeun Rani, milih tetep di SMA nu aya kénéh di wewengkon lembur.

Mimiti harita, kahirupan duanana robah. Dina jarang pisan balik. Sakolana pinuh ku tugas kelompok, kagiatan ékstrakurikulér, sareng adaptasi jeung lingkungan kota anu sagala gancang. Dina ayeuna leuwih sibuk diajar, ngudag cita-citana jadi arsiték, sagala anu di kota téh siga nu nyita waktu Dina.

Di Lembur, Rani sok ngarasa sepi. SMA téh asa karasa pisan jempling. Tempat diuk anu biasana rame ku céngékna omongan Dina, ayeuna karasa tiis. Rani geus boga babaturan anyar, tapi rasa 'sreg' siga ka Dina mah can aya nu bisa ngagentos. Mun ningali barudak séjén keur ulin babarengan di buruan sakola, manéhna sok inget ka jaman-jaman baheula, nalika maranéhna nyumput di tukangeun tangkal caringin gedé deukeut lapang.

Rani sering calik sorangan di teras imahna, nyawang ka gunung anu jadi wates antara lemburna jeung kota. "Heugg... sakumaha atuh kabarna si Dina ayeuna nya?" pikir Rani dina haténa. Manéhna sok hayang nelepon, tapi sok aya rasa ragu. Sieun ngaganggu Dina nu sigana keur sibuk pisan ngudag impian di kota.

Dina ogé sarua. Sanajan hirupna dikuriling ku tumpukan buku, sakapeung Dina nyésakeun waktu pikeun nginget sahabatna. Dina sadar, Rani téh hiji-hijina jalma nu ngarti kana kalemahan Dina; jalma nu maksa Dina pikeun resep kasenian sarta ngajarkeun Dina kumaha carana ngarasa bungah tanpa kudu mikirkeun rumus matématika. Manéhna hayang pisan ulin deui ka lembur, hayang ngarasaan deui hawa lemburna anu tiis, ngadahar pais lauk nu sok dijieunkeun ku indungna Rani. Tapi, ku sakola jeung kagiatan organisasi nu dijalankeun, waktu téh sok siga henteu nyésakeun kasempetan, sok karasa capé.

Nepi ka hiji poé, geus méh sataun papisah, Dina balik ka lembur bari ngadon libur panjang semesteran. Dina ngahaja teu méré beja ti heula. Manéhna hayang méré kareuwas bungah ka Rani.

Dina turun tina angkutan désa, leumpang ngajugjug ka imah Rani. Harita Rani keur sasapu buruan imahna, sirahna rada tungkul lantaran fokus kana runtah daun nangka. Sora sapatu kets Dina anu nincak ubin karasa lirih. Ningali Dina ngadeg bari seuri, Dina teu bisa nahan deui. Ngagorowok sorana tarik pisan: ”RANIII!” ceuk Dina bari lumpat ngagabrugkeun awak sahabatna.

Sapu nyéré anu dicekel ku Rani langsung ragrag. "Eh ihhh.. Astaghfirullah... DinAAaAa! Lila pisan teu patepung!" ceuk Rani, awakna leuleus lantaran reuwas jeung bungah kacida. Rani malik ngagabrug Dina, pageuh. Duanana ceurik leutik, sumringah tapi rada sedih. Ceurik bungah lantaran patepung deui, tapi ceurik sedih lantaran kainget pas keur baheula sok bareng kamana-mana, mung ayeuna papisah lami. Maranéhna duaan nangtung di buruan, dipareuman ku panonpoé soré anu karasa haneut.

"Maneh bet jangkung ayeuna, Din. Dahar naon waé di kota téh?" ceuk Rani bari ngeukeupan pundak Dina, mukakeun obrolan sanggeus ceurik rada lila. "Komo manéh! Beuki geulis. Naha, di lembur loba pisan lalaki nu naksir nya?" walon Dina bari seuri, rada ngagorowok, sora has Dina nu céréwéd geus teu robah. Dina jeung Rani seuri deui. Terus maranéhna ngobrol di teras imah. Carita-carita heubeul kaluar deui—ti mimiti kenangan nyumput ti guru Basa Sunda, nepi ka rusiah kahiji nalika Rani naksir ka barudak kelas tilu. Carita heubeul téh diselang-seling ku keluh kesah anyar di sakola masing-masing.

Dina nyaritakeun kumaha héséna ngudag peunteun dina pelajaran Fisika, sarta peer pressure di kota nu matak lieur. Rani ngawaler: "Asa jadi budak leungit kuring mah lamun euweuh manéh, Din. Sakapeung, nulis gé asa teu rame, lantaran nu sok méré kritik pedas ka kuring geus euweuh di dieu."

Dina ngarangkul Rani. "Rani, ulah ngomong kitu. Jarak téh ukur pikeun nguji kasatiaan. Kuring di kota téh keur ngudag hal, pikeun urang duaan engké. Mun kuring geus sukses, kuring gé bakal gampang balik ka dieu atawa manéh ulin ka kota. Urang ulah mikiran jarakna, tapi mikiran cita-cita anu bakal ngahijikeun urang deui." Sanajan waktu pikeun patepung téh jarang, duanana sadar yén rasa silih asih, silih percaya, jeung kasatiaan sahabat moal pernah leungit.

Ti harita, maranéhna geus janji. Dina janji bakal sering méré kabar, henteu paduli sabaraha tugas anu kudu dikerjakeun. Rani janji bakal terus ngirimkeun foto kaayaan lembur nu endah ngaliwatan aplikasi chat. Maranéhna sadar, pikeun hiji Duo Teu Pisah, silaturahmi jeung kasatiaan sahabat téh kudu dijaga, sanajan ku ngan ukur teleponan sakali-kali atawa video call sakedapan saméméh saré. Jarak fisik téh ukur samentara, tapi beungkeutan batin mah bakal salawasna aya, siga akar tangkal caringin di lembur anu pageuh.