Ngajaga Iman di Tengah Riungan Zaman
Carita ieu nyaritakeun ngeunaan Dinda jeung Kayla, dua budak SMA anu jadi babaturan deukeut. Kayla resep kana trén jeung fashion, sedengkeun Dinda leuwih sederhana jeung taat. Nalika Kayla kagoda nurutan gaya hijab selebgram, Dinda ngingetan sangkan tetep istiqomah. Tina éta, Kayla sadar yén penampilan teu kudu ngorbankeun iman. Duanana tuluy silih ngingetan pikeun tetep jadi diri sorangan jeung ngajaga kahadean sanajan loba godaan zaman.
Aya dua budak SMA di Kota Banjar, ngaranna Dinda jeung Kayla. Duanana kakara papanggih pas kelas 10, saméméhna mah henteu aya hubungan naon-naon. Mimiti ukur babaturan sakelas, tapi lantaran sok dipasrahkeun tugas bareng jeung mindeng duduk gigireun, ahirna jadi akrab. Nepi ka kelas 11 ayeuna, duanana kawas babaturan nu geus lila, bisa curhat naon waé, bisa cicing babarengan bari teu karasa kikuk.
Dinda jeung Kayla duanana ambivert: kadang cicing wungkul lamun keur teu mood, tapi bisa jadi heboh pisan lamun keur resep. Sanajan kitu, aya hiji hal nu ngajadikeun duanana sarua: teu gampang kabawa ku trén. Lamun aya trén nu sok viral, biasana maranéhna teu buru-buru ngikut, kecuali lamun aya babaturan séjén nu ngajak.
Di sakola, Kayla leuwih populér tibatan Dinda. Kayla boga paras nu manis jeung ramah, gampang nyambung jeung saha baé. Sedengkeun Dinda rada tenang, teu loba gaya, tapi alus haté jeung jujur, jadi babaturan nu dipercaya. Duanana sarua hijaban, tapi béda gaya.
Dina hiji poé, di kelas nu riweuh ku sora obrolan, babaturan maranéhna, Sinta jeung Riri, keur ngobrolkeun trén anyar di TikTok.
“Eh, ayeuna mah nu keur ramé téh gaya hijab segitiga leutik, dikondékeun ka tukang, baju oversize dipadupadankeun jeung tas mini. Kerén pisan pokona mah, siga selebgram!” ceuk Sinta bari némbongkeun HP-na ka nu séjén.
Riri nambahan, “Heueuh, kuring ogé rék nyobaan. Malah geus mesen hijab leutikna online. Anjeun kudu nyobaan ogé, Kayla, pasti cocog!”
Kayla melototkeun panonna, seuri leutik. “Hehe, leres nya? Sigana éndah kieu… rada béda ti nu biasana. Mun maké kitu, siga leuwih gaul atuh.”
Dinda, nu ti tadi cicing bari ngadéngé, langsung nyeletuk, “Tapi lain nu leutik teuing kitu nu kadang nepi ka katingali beuheungna? Nya teu merenah atuh keur urang anu ceukna rék istiqomah.”
Kayla rada bingung. “Heueuh sih, tapi ari ngan ukur gaya mah… moal nanaon sigana. Paling ogé ngan sakali-sakali, biar teu katinggaleun trén.”
Obrolan éta nyésakeun pikiren di sirah Kayla. Sabenerna ti jero haténa, anjeunna sadar yén gaya selebgram nu loba dipikaresep téh mindeng henteu sasuai jeung naon anu biasa dituju ku ajaran agama. Tapi tekanan ti babaturan jeung hayang katingali gaul sok nyurung manehna pikeun nyobaan.
Dina minggu saterusna, sakola ngadamel acara Fashion Day. Ieu acara biasana dipaké ku siswa pikeun némbongkeun gaya pakéan nu keur trén. Kayla kagoda pisan pikeun maké hijab modis kawas nu sering ditempo dina sosmed. Anjeunna nyiapkeun hijab leutik warna krém, dikondékeun, terus maké baju nu warnana ngejréng jeung aksesoris nu ramé.
Isuk-isuk, Dinda nempo Kayla asup ka kelas kalayan gaya anyar. Bener-bener béda ti biasana. Dinda kaget, tapi henteu langsung ngomong nanaon. Anjeunna ngan seuri leutik, terus nyarita lemes, “Wah, aya nu béda ayeuna. Éndah sih, tapi Kay, ulah nepi ka ngarasa kudu kitu sangkan ditampa ku nu séjén.”
Kayla rada kagok, tapi ngajawab, “Kuring ngan hayang nyobaan, Din. Sok rada bosen jeung gaya nu kitu-kitu waé. Ieu mah sakali-kali wé.”
Sajeroeun acara, loba nu muji Kayla. Babaturan séjén loba nu nyarios, “Wah Kayla, modis pisan ayeuna! Katingali siga selebgram beneran.” Aya ogé nu menta poto babarengan pikeun diunggah ka Instagram. Kayla ngarasa bagja, haténa bungah, tapi ogé aya rasa ganjel. Unggal seuri nu ditujukeun ka anjeunna, siga aya sora leutik nu ngingetan: “Naha ieu luyu jeung janji pikeun istiqomah?”
Samentara éta, Dinda ogé meunang pujian. Sanajan bajuna sederhana, hijabna panjang jeung rapih, loba nu nyebutkeun yén anjeunna katingali “calm” jeung “berwibawa”. Béda pujian jeung nu ka Kayla, tapi Dinda henteu mikir loba, anjeunna ukur seuri, haténa tenang.
Sanggeus acara réngsé, duanana calik babarengan di bangku taman sakola. Kayla ngahuleng, terus curhat, “Din, tadi loba nu muji kuring. Tapi teu ngarti kunaon ayeuna haté rada teu karasa nyaman. Jigana kusabab gaya nu tadi téh lain bener-bener diri kuring.”
Dinda némpokeun babaturan deukeutna éta, terus nyepengan leungeunna. “Kay, urang sadayana pasti hayang ditampi ku batur. Tapi kadang jalan pikeun katampi ku manusa téh béda jeung jalan pikeun ditampi ku Allah. Urang kudu milih nu leuwih abadi.”
Kayla ngadehem. Panonna rada berkaca. “Kuring teu hayang katinggaleun, Din. Lamun ningali batur modis, unggah poto, loba like, kadang sok aya rasa sirik. Tapi bener nu ku anjeun diomongkeun, dina jero haté mah sok aya rasa salah.”
“Éta tanda alus, Kay,” ceuk Dinda lembut. “Tanda yén iman anjeun masih ngajak pikeun balik deui. Istiqomah téh memang hésé, tapi lain hartina teu mungkin. Urang bisa tetep modis, asal teu nepi ka ngorbankeun ajaran.”
Saprak poé éta, Kayla jadi leuwih loba mikir. Anjeunna masih kadang kabawa ku trén, tapi ayeuna unggal rék nyobaan, sok émut kana kecap Dinda. Kadang anjeunna nyoba gaya anyar, tapi henteu nepi ka ngaleupaskeun prinsip.
Lila-lila, duanana jadi conto pikeun babaturan séjén. Dinda dipikawanoh minangka budak anu sederhana tapi teges ngajaga prinsip. Kayla ogé, sanajan kungsi kagoda, tapi sanggeus aya bimbingan ti Dinda, jadi leuwih waspada jeung leuwih pinter nyaring trén.
Di tengah riungan zaman nu pinuh ku godaan sosmed, fashion, jeung pergaulan, duanana sadar yén ngajaga iman téh henteu gampang. Tapi ku silih ngingetan, silih jaga, jeung silih doa, istiqomah téh bisa dijalankeun.
Siga nu sok diucapkeun ku Dinda unggal maranéhna rék pisah ti sakola:
“Kay, urang moal salawasna babarengan. Tapi sing inget, iman téh kudu dijaga, sanajan batur sakuriling urang ngalakukeun sabalikna. Mugi urang bisa tetep kuat.”
Kayla seuri, matana caang. “Heueuh, Din. Hatur nuhun tos jadi babaturan nu sok ngingetan. InsyaAllah, urang bakal usaha tetep istiqomah, sanajan zaman beuki ramé ku godaan.”
Sanggeus éta kajadian, hirup Kayla karasa leuwih tenang. Anjeunna henteu deui bingung milih antara gaya jeung iman, sabab ayeuna geus nyaho yén dua-duana bisa bareng asal teu kaleuleuwihi. Anjeunna masih resep kana fashion, tapi unggal ngalakukeun naon waé, sok nanya heula ka haté: “Ieu ngadeukeutan ka Allah atanapi malah ngajauhkeun?”
Dinda bangga ningali parobahan éta. Sanajan kadang Kayla masih suka ngeluh, tapi unggal obrolan maranéhna sok ditutup ku kalimah anu jadi moto anyar duanana:
“Modis teu kudu maksiat, sederhana teu kudu nyumput.”
Waktu terus leumpang, duanana lulus ti SMA jeung ngudag impian masing-masing. Dinda neruskeun di jurusan pendidikanagama, sedengkeun Kayla asup jurusan desain busana. Tapi hubungan maranéhna henteu pegat. Unggal minggu sok aya pesen anu dikirim: “Din, kuring keur nyieun desain busana nu tetep syar’I tapi tetep stylish. Kuring inget omongan anjeun, iman téh kudu dijaga, sanajan dina mode.”
Dinda ngajawab, “Alhamdulillah, Kay. Kuring reueus pisan. Urang beda jalan, tapi tujuan urang sarua hayang jadi jalma anu ngahudangkeun kahadéan.”
Dina hiji peuting, Kayla nulis dina buku diary-na:
“Istiqomah téh teu gampang, tapi teu mustahil. Gusti, punten lamun kuring sok kagoda, tapi hatur nuhun parantos ngirimkeun Dinda pikeun ngingetan. Ku anjeunna, abdi diajar yén iman téh bisa tetep mekar, sanajan hirup aya dina zaman nu loba warna.”
Panonpoé peuting ngasup, angin ngagerem leuleus ngaliwatan jandela kamar Kayla. Anjeunna seuri leutik, haténa lega. Dina sepi, anjeunna ngahaturkeun doa leutik:
“Mugi abdi tiasa tetep istiqomah, sanajan dunya beuki rame ku cahaya nu palsu.”Jeung di tempat séjén, Dinda ogé ngalakukeun hal sarua — ngadoakeun babaturan anu kungsi anjeunna tuntun ku kahadean. Dua haté anu béda jalan, tapi disambung ku tujuan anu sami: ngajaga iman di tengah godaan zaman.
Kayla Alifatunnisa