Ngajaga Kaséhatan Méntal

Ngajaga Kasehatan Mental Karya:Ikhsan Arif Fadillah

Ngajaga Kaséhatan Méntal

Di hiji apartemen anu leutik di tengah kota Bandung, cicing hiji mahasiswa anu pinter, ngaranna Baskara. Baskara téh budak anu rajin pisan, karesepna maca buku jeung ngerjakeun tugas ti kampus. Mimiti mah sagalana lancar, nilai-nilai na alus, jeung manéhna sok sumanget. Tapi lila-lila, tugas anu numpuk jeung ékspéktasi anu beurat ti dirina sorangan mimiti ngabebankeun pikiranana. Anjeunna jadi gampang pusing, sarta remen ngahuleng sorangan di kamar.

Sabulan ti harita, parobahan dina diri Baskara kaciri pisan. Manéhna jadi jarang kaluar kamar, beuki hésé saré, jeung gampang ambek mun diajak ngobrol. Kamarna anu biasana rapih, ayeuna mah jadi acak-acakan. Buku-buku jeung kertas-kertas sumebar di mana-mana. Kaayaan ieu kacida ngajantenkeun adina, Vanla, hariwang. Vanla apal, anu ker dialaman ku lanceukna teh laim saukur capé biasa, tapi aya anu langkung jero ti eta.

Hiji soré, Vanla asup ka kamar Baskara. "Kang, aya naon?" tanya Vanla kalayan lembut. Vanla tuluy calik di gigireunana, "Kang, Vanla ngartos tugas akang seueur, tapi akang ogé kedah istirahat. Akang kedah ngajaga kasehatan mental akang," ceuk Vanla. Baskara ngan ukur ngarénghap pondok. "Hayu urang jalan-jalan ka taman. Hayu urang ngarénghap hawa seger," ajak Vanla deui.

Mimitina Baskara nolak, tapi Vanla terus ngabujukna. Ahirna, maranéhna indit ka taman anu teu jauh ti apartemen. Di dinya, Vanla ngajak Baskara calik di handapeun tangkal anu rindang. Vanla nyontoan carana ngarénghap jero, lalaunan ngaluarkeun napas, sarta merhatikeun daun anu lagrag. "Sanaos sakedik, tapi ieu teh penting, Kang," ceuk Vanla. Baskara mimiti ngarasa yén hawa di luar téh matak seger, beda pisan jeung hawa di kamar na anu matak sumpek. Manéhna mimiti ngarasa leuwih rileks.

Mimitian poé éta, Baskara mimiti robah. Sanajan tugas ti kampus tetep seueur, tapi manéhna geus miboga cara anyar pikeun ngarénghap. Manéhna ngabiasakeun jalan-jalan ka taman sahenteuna dua kali saminggu, sarta ngatur deui kamarna sangkan beresih. Vanla sok ngadukung jeung mere sumanget. Baskara ayeuna mah ngarti, yén ngajaga kaséhatan méntal téh lain hal anu sepelé, tapi mangrupa prioritas dina kahirupan pikeun ngahontal kabagjaan anu saleresna.