Gapura Ditukangeun Tangkal Buah
*ringkasan: Raka, saurang budak anu hirup basajan jeung indungna, manggihan gapura rusiah dina tangkal buah kolot anu nganteurkeun anjeunna ka dunya eunteung. Di dinya anjeunna ngalangkungan ujian, tuluy balik deui bari ngagem élmu yén kajujuran jeung kakeueum téh, harta sajati dina kahirupan. *carpon karya: 1.Intana Shafa Kirana 2.Fauziyah Febriyanti Putri
Di hiji désa basajan, hirup saurang budak ngaranna Raka jeung indungna. Maranéhna hirup pas-pasan. Raka mindeng dipoyok sabab pakeanana lusuh, tapi manéhna sok mantuan indungna ngajual goréngan tanpa ngeluh.
Di buruan imahna tumuwuh hiji tangkal buah kolot—jadi sobat satianana. Unggal Raka sedih, manéhna sok calik di handapeun éta tangkal bari ngayal ngeunaan dunya séjén, tempat hirupna bisa leuwih hadé.
# Gapura Rusiah
Peuting, nalika bulan purnama nyampak luhur, Raka ngadéngé sora anéh tina tangkal buah éta. Manéhna ngadeukeutan, ujug-ujug batang tangkalna retak, ngabentuk celah caang kawas panto.
Kalawan panasaran jeung sakedik sieun, Raka léngkah asup. Saeutikna awakna kasurup kana dunya séjén—leuweung anu ngagurilap ku tangkal jangkung, langit warna ungu, jeung walungan nu ngagenclang caang.
Di ditu manéhna patepang jeung hiji peri pangjaga.
“Wilujeng sumping, Raka. Anjeun tos asup kana dunya eunteung, tempat unggal hate diuji. Pikeun balik deui ka imah, anjeun kudu diajar dua hal: kajujuran jeung kakeueum (keberanian).”
*Ujian Kahiji: Kajujuran*
Raka leumpang di éta leuweung nepi ka manggihan hiji pondok. Saurang aki-aki kaluar bari mawa sakantong emas.
“Budak leutik, naha anjeun ningali sakantong emas anu leungit?”
Raka ngalieuk—di handapeun suku na aya éta kantong emas. Haténa kagoda. Lamun ieu dibawa ka imah, indung moal kudu susah deui…
Tapi manéhna émut kana omongan pari. Kalawan haté beurat, manéhna nyorongkeun éta kantong ka aki-aki.
“Ieu, Ki. Kuring mendakna di taneuh.”
Aki-aki téh mesem, lajeng awakna robah jadi cahaya. Sora peri ngagema:
“Aluss, Raka. Anjeun milih jujur sanajan hésé. Anjeun geus saléngkah leuwih deukeut ka jalan balik.”
*Ujian Kadua: Kakeueum*
Raka teruskeun lalampahan. Manéhna nepi ka hiji jurang anu dijaga ku mahluk raksasa bersisik. Huntu na seukeut, panonna beureum hurung.
“Saha waé nu hayang ngaliwat kudu wani neuteup panon abdi!” ceukna bari ngagerem.
Raka ngageter, suku na hayang mundur. Tapi manéhna émut kana indungna—lamun nyerah, manéhna moal bisa balik deui. Kalawan dada ngagelebug, manéhna maju, neuteup panon mahluk éta.
Sapoeun jagat jadi meneng. Tuluy, éta raksasa mesem, awakna ngaleutikan, robah jadi cahaya.
“Keberanian anjeun geus muka jalan.”
# Balik Jeung Hate Anyar
Raka tungtungna nepi ka hiji palataran anu aya panto caang di tengahna. Peri mucunghul deui.
“Raka, anjeun tos lulus. Anjeun parantos diajar yén kajujuran ngajaga hate angger beresih, sarta kakeueum ngajadikeun anjeun bisa ngajaga batur. Ayeuna anjeun meunang balik.”
Raka léngkah kana cahaya, sarta… ujug-ujug anjeunna geus aya deui di handapeun tangkal buah di imahna. Fajar anyar mecenghul. Sadayana siga ngimpi, tapi haténa béda—leuwih kuat, leuwih wani.
Dinten-dinten saterusna, Raka tetep hirup basajan jeung indungna. Tapi ayeuna manéhna nyanghareupan kahirupan ku sumanget anyar: jujur sanajan hésé, jeung wani sanajan sieun. Manéhna percaya, éta téh harta sajati anu dibawa ti dunya imajinasi.
puputtt