Harepan Dira ngahontal dina regol panyiksa
Dira, budak awéwé geulis, hirupna robah sanggeus kolotna papisah. Manéhna kapaksa cicing jeung nini na di lembur, diajar hirup basajan. Pikeun neruskeun sakola jeung ngahontal cita-cita, Dira digawé di warung Kang Ujang sanggeus balik sakola. Ku tekad jeung sumanget nu kuat, Dira terus berjuang. Ahirna manéhna ditarima di universitas jeung lulus kalawan predikat cumlaude. Ayeuna, Dira jadi awewe sukses tur boga jabatan luhur. Dira teu poho ka nénéknana anu geus ngarawat manéhna, sarta Dira ogé ngabantuan barudak di lemburna. Carita Dira jadi bukti yén kalayan kerja keras, sagala impian pasti bakal kalaksana.
HAREPAN DIRA NGAHONTAL CITA DINA REGOL PANYIKSA
Dira, ngaranna téh. sanajan rupana geulis ogé. Umurna waktu harita nincak kana sapuluh taun. Awakna jangkung, kulitna konéng langsat, sarta sorot panonna seukeut tur pinuh ku harepan, matak nineung ka sing saha waé nu nempo. Rambutna panjang ngarumbay hideung meles, karesep indungna nu baheula sok ngaréka-réka buukna ku sagala rupa gaya.
Baheula, basa kolotna can papisah, Dira téh budak nu kacida bagjana. Hirupna pinuh ku warna-warni kembang harepan. Kabutuhanana sadayana kacukupan, malah ampir sagala kahayangna laksana. Lamun hayang ka toko kaulinan, indungna gancang-gancang ngajak. Lamun hayang buku anyar, bapana gancang-gancang nyumponan. Dira hirup dina dunya nu éndah, ibarat putri raja nu teu kungsi ngarasa susah. Indung bapana duanana pagawé indungna ngabogaan toko, bapana oge ngabogaan pagawé loba, sarta panghasilanana leuwih ti cukup pikeun hirup betah di desa.
Ngan, kabagjaan éta téh teu lila. Ibarat pelangi nu ngahias langit sanggeus hujan, kaéndahanana teu langgeng. Hiji waktu, Dira ngadéngé kolotna paadu réa, sarta sora-sora pasea téh beuki lila beuki sering kadéngé ti kamar Dira. Dira mah can ngarti kana naon nu sabenerna lumangsung, ngan Dira ngarasa aya hawa nu béda di imahna. Indungna mindeng katempo ngalamun, bapana mindeng mulang peuting. obrolan kolotna téh lain deui ngeunaan Dira, tapi ngeunaan pagawéan, ngeunaan kasaimbangan imah, jeung ngeunaan hiji hal nu Dira teu ngarti maksudna.
Tungtungna, nu dipikasieun ku Dira kajadian. Hiji poé, indungna nyarita bari cipanon ngarénték maseuhan pipina, yén manéhna jeung bapana bakal papisah.
“Neng Dira, kanyaah mamah. Neng sareung bapa nya didieu, mamah sareng dede bade uih ka bumi oyot, neng sing bageur, sanes mamah teu nyaah, neng didieu kusabab neng kedah ngalajeungkeun sakola, sing pinteur tur bageur geulis”, Ceuk mamah na Dira. bari ngeclak cipanon.
Dira nu masih kénéh leutik, kacida reuwasna. Sakabéh dunya Dira asa runtuh sapada harita. Haténa ngageter, nyeri karasana, asa dihujam ku rébuan panah nu seukeut. Dira teu ngarti kunaon ieu kajadian ka kulawargana. Panyababna mah Dira teu kungsi terang sacara écés, kolotna teu kungsi ngajelaskeun sacara rinci ka Dira, ngan nu Dira terang, bapana tuluy nikah deui ka awéwé séjén, indungna ogé kituna téh nikah deui sanggeus sababaraha taun.
Hiji Awal Nu Anyar di Pilemburan
Dira tungtungna cicing jeung nini na di hiji lembur nu katelah sepi tur jauh ti kota, tempat bapana dilahirkeun. Lemburna asri naker, dikuriling ku sawah jeung gunung-gunung nu héjo, tapi fasilitasna mah teu salengkep di kota. nini na, geus kolot. Umurna geus nincak kana genep puluh taun, buukna geus salapan, sarta réngkak polahna geus teu sagancang baheula. Hirupna basajan naker, saukur tina hasil tatanén leutik-leutikan di sabudeureun imahna jeung sawah saeutik nu diwariskeun ti salakina.
Hirup jeung nini na téh béda pisan jeung hirupna pas keur basa jeng kolotna. Dira nu baheulana boga pangeusi kamar nu pinuh ku kaulinan méwah jeung baju-baju nu alus, ayeuna kudu diajar hirup mandiri jeung basajan. Isuk-isuk kénéh, panonpoé can luncat ti bobos kulon, Dira geus kudu hudang. Mantuan nini na nyangu dina hawu nu seuneuna ngelun ku suluh, ngurus ingon-ingon saperti hayam jeung embé nu dipiara di pipir imah, sarta nyebor pepelakan saperti cabé jeung kangkung nu dipelak di kebon leutik gigireun imah.
Nini na teu ngarasa kacapéan ngurus Dira. Malah mah ikhlas pisan ngabimbing Dira, ngajar kumaha carana hirup basajan tapi tetep bisa ngarasa bagja. nini na ngajarkeun Dira pikeun mensyukuri sagala rupi nu aya, ngajarkeun pentingna silaturahmi, sarta ngajarkeun pikeun teu gampang nyerah ku kaayaan. Dira diajar ngolah lahan, diajar melak pare, sarta diajar ngarti kana sora alam.
Dina jero haténa, Dira téh sabenerna masih ngarasa sedih ku kajadian nu nimpa kolotna. Kadang-kadang, nalika ngalamun sorangan di handapeun tangkal kawung, cipanon sok ngaléték teu karasa. Dira sono ka indung bapana nu baheula, sono ka kahirupan nu pinuh ku kabagjaan jeung kanyamanan. Ngan, Dira téh sanés budak nu rék gampang pasrah kana kaayaan. Dira sadar yén ayeuna mah Dira kudu kuat, kudu tegar, demi nini na nu geus ikhlas narima jeung ngarawat Dira.
Unggal peuting saméméh saré, Dira sok nempo béntang-béntang nu baranang di langit nu poék tina jandéla kamerna nu leutik. Béntang-béntang éta karasana siga nepikeun harepan ka Dira. Dina haténa, Dira ngarasa boga sumpah rék jadi jalma nu sukses, Dira boga cita-cita luhur. Nu antukna, Dira bisa ngabagiakeun nini na nu geus ngarawat Dira kalayan ikhlas. Dira hayang nini na teu ngarasa susah deui, Dira hayang nini na bisa hirup senang di sésa umurna. Impian éta nganteng pisan dina jero haté Dira, jadi sumanget pikeun terus ngaléngkah.
Perjuangan di Sakola jeung Pagawéan
Waktu terus lumaku, Dira mimiti mikir, kumaha carana Dira bisa sakola nepi ka luhur. Dira hayang terus diajar, hayang meunangkeun élmu nu loba. Sakola di lembur téh sanajan sakola nagri, tapi tetep waé butuh biaya. Biaya pangabutuh sakola, meuli buku, alat-alat tulis, jeung ongkos ka sakola lumayan ageung. Dira teu hayang nini na kapusingan mikiran biaya sakola.
Dira mutuskeun rék néangan pagawéan sampingan sa anggeus balik ti sakola. Dira ngawanikeun manéh nanya ka Kang Ujang, nu boga warung leutik deukeut imahna, naha aya pagawéan kosong. Kang Ujang nu geus apal kana kaayaan Dira mah ngarasa watir jeung bungah ku sumanget Dira. Kang Ujang langsung narima Dira.
Ti harita, saatos mulih ti sakola, Dira langsung indit ka warung Kang Ujang. Dira gawé di dinya nepi ka peuting, kadang-kadang nepi ka jam dalapan atawa salapan peuting. Gawéna Dira mah rupa-rupa, ti mimiti ngabantuan ngalayanan nu balanja, nyusun barang-barang di étalase, nepi ka beberesih warung. Sanajan capé, Dira mah teu kungsi ngeluh. Hasil tina pagawéan éta Dira tabungkeun, bari ngahaja nyéépkeun saeutik pikeun kaperluan sapopoé jeung meuli kado leutik pikeun nénéknana. Dira boga prinsip, yén unggal tetes késang téh bakal jadi awal pikeun kahirupan nu leuwih alus.
Salian ti gawé, Dira téh ogé murid nu kacida pinter. Nilai-nilai sakolana salawasna alus, malah sok jadi pangluhurna di kelasna. Dira aktif dina kagiatan ekstrakurikuler di sakola, saperti pramuka jeung palatihan nulis. Guruna di sakola kacida mikanyaah ka Dira, maranéhna apal kana kaayaan jeung sumanget Dira. Malah, kadang-kadang guru-guru sok ngabantos Dira ku cara masihan buku-buku palajaran nu masih kénéh alus atawa alat-alat tulis nu diperlukeun. Sakola ogé masihan dispensasi ka Dira pikeun telat mulih lantaran kudu gawé.
Dira terus meuntas dina sagala rupa hal. Ti SD nepi ka SMP, terus ka SMA. Perjuanganna beuki lila beuki karasa beurat, tapi impianna beuki nganteng dina jero haténa. Dira yakin, yén élmu nu ditalungtik jeung pangalaman hirup nu ditarima téh bakal jadi bekel pikeun ngahontal cita-cita.
Cita-cita Nu Ahirna Kalaksana
Sanggeus lulus ti SMA, Dira terus berjuang. Dira hayang kuliah, hayang jadi sarjana. Nini na mah geus teu bisa ngabantos biaya kuliah Dira, tapi nini na salawasna méré sumanget jeung doa. Dira ngadaptar beasiswa di salah sahiji universitas di kota gedé, Universitas etateh kacida kasohorna. Dira ngirimkeun sakabéh berkas jeung hasil ujian nu alus, bari dina haténa Dira terus ngadoa ka Gusti Allah.
Teu nyangka, Dira ditarima! Dira kacida bagjana. Surat pengumuman ti universitas dibaca deui dibaca deui. Rasana siga ngimpi. Dira langsung lumpat ka nini na, mawa éta surat bari cipanon kabungah ngucur maseuhan pipina. Nini na nu geus kolot jeung ringkih ogé milu ceurik bungah, Dira nénjo biwir nini na nu geus péot seuri bungah bari nyepengan leungeun Dira. "Alhamdulillah, Gusti," ceuk nini na, "Mugi neng sing janten jalma nu mangpaat tur élmuna barokah, Dira."
Dira tuluy pindah ka kota pikeun kuliah. Di kota, Dira kudu leuwih pinter ngatur waktu jeung duit. Dira kuliah bari terus gawé di sababaraha tempat. Dira téh budak nu kacida gawéna, teu éraan, teu sieunan ku cape. Ti mimiti jadi pagawé di tukang fotokopi deukeut kampus, pagawe di warung makan, nepi ka jadi tukang beberesih di kampusna sorangan. Dira ngalakukeun éta sadayana pikeun mayar biaya kuliah jeung biaya hirup sapopoé. Kadang-kadang, Dira sok ngiriman duit ka nini na di lembur, sanajan ngan saeutik.
Waktu opat taun kuliah téh karasa lila, tapi pinuh ku pangalaman. Dira diajar di kelas, diajar di perpus, diajar ti babaturan, sarta diajar ti pangalaman hirup nu karasana beurat tapi matak kuat. Dira teu kungsi poho kana impianna, kana janjina ka nini na. Dina unggal kanyeri jeung kacapé, Dira inget kana seuri nini na.
Teu lila, Dira ahirna lulus ti universitas kalayan nilai nu kacida nyugemakeun, ngahontal gelar sarjana kalawan cumlaude. Dira kacida reueusna, Dira geus ngabuktikeun ka dirina sorangan jeung ka dunya yén sanajan ti mimiti hirupna pinuh ku perjuangan, tapi teu mustahil pikeun ngahontal impian.
Dira Nu Ayeuna, Lampah jeung Kabagjaan
Ayeuna, Dira geus jadi awewe karir nu sukses. Dira geus boga posisi nu luhur di hiji pausahaan multinasional nu kacida kasohorna. Dira geus boga imah gedé nu matak betah di kota, mobil méwah nu karék dibeuli, jeung sagala kahirupan nu manéhna geus di impi-impikeun ti baheula.
Dira teu cicing sorangan. Dira ngajak nini na, pikeun cicing babarengan di imahna nu anyar. Ayeuna nénéknana bisa ngarasakeun kahirupan nu leuwih betah, teu kudu cape-cape deui ka sawah. Dira ngurus nini na kalayan ikhlas pisan, sarua siga nini na nu baheula ngurus Dira. Unggal poé, Dira sok ngabagikeun waktuna pikeun nini na, ngajak ngobrol, nyeusian kaperluan nini na, sarta micinta pisan. Dira teu pernah hilap kana jasa nénéknana.
Dira ogé teu pernah hilap ka jalma-jalma nu geus ngabantuan Dira salila ieu. Ka Kang Ujang nu boga warung, ka guru-guru di sakola, ka babaturan di kampus, Dira tetep ngajalin silaturahmi. Dira ogé sok datang ka sakolana nu baheula di lembur, pikeun méré sumbangan, ngabantu kaperluan sakola, sarta ngabantu murid-murid nu teu mampuh tapi boga sumanget diajar nu luhur. Dira jadi inspirasi pikeun barudak di lemburna.
Dina unggal kasuksesan nu kahontal ku Dira, Dira yakin yén ieu kabéh téh lain saukur hasil tina kerja kerasna sorangan, tapi ogé hasil tina doa-doa nini na, hasil tina dukungan ti jalma-jalma nu micinta Dira, sarta hasil tina katekunan Dira nu dipasihan ku Gusti Allah.
Dira geus ngabuktikeun yén sanajan kahirupan di awal teu gampang, sanajan loba cobaan jeung rintangan, tapi kalayan kerja keras, sumanget nu luhur, jeung kayakinan nu kuat, sagala impian pasti bakal kajadian. Carita Dira téh jadi bukti yén kahirupan bisa dirobah, asalkeun urang boga niat jeung tekad nu kuat pikeun ngahontal na. Dira, nu baheulana budak leutik nu sedih ku kaayaan kolotna, ayeuna geus jadi awéwé nu kuat, mandiri, tur sukses, sarta jadi inspirasi pikeun balaréa.
Sheila Sanjaya