"Cinta nu teu Sempet Balik" Karya Tasya&Naila_XI.7

Carita ieu nyaritakeun Nara anu satia nungguan sobat leutikna, Adit, anu ngantunkeun jangji bakal balik sarta nyarioskeun sagalana saméméh angkat ka kota séjén. Mangsa ngalir bari Nara terus ngareungeu kenangan di halte heubeul tempat maranéhna sok patepang, nepi ka tungtungna anjeunna nampi béja yén Adit parantos tilar dunya. Dina hujan peuting éta, Nara sadar yén cinta jeung jangji anu dijaga pageuh téh ayeuna tinggal kenangan anu teu kungsi kasampurnakeun.

"Cinta nu teu Sempet Balik" Karya Tasya&Naila_XI.7
"Cinta nu teu Sempet Balik" Karya Tasya&Naila_XI.7

“Cinta nu Teu Sempet Balik”

Karya: Tasya Gracia Aritonang & Naila Yusriyah_ XI.7 

 

Hujan ragrag nalika Nara calik nyorangan di halte heubeul tempat manéhna jeung Adit sok neduhan ti baheula. Tempat éta masih kénéh sarua, ngan ayeuna karasa leuwih sepi—saperti haténa.

Nara jeung Adit geus sobatan ti leuleutik. Aranjeunna tumuwuh babarengan, ulin babarengan, nepi ka tanpa disadari, maranéhna silih bogoh. Tapi euweuh anu wani ngedalkeun rasa éta. Duanana sami-sami sieun kaleungitan.

Hiji poe, Adit nampi béja yén anjeunna kudu pindah ka kota séjén pikeun waktu anu lila. Peuting saméméh angkatna, anjeunna ngajak Nara ka halte éta—tempat kenangan maranéhna mimiti.

“Nar,” ceuk Adit laun, “lamun abdi angkat… anjeun bakal émut ka abdi, nya?”

Nara nahan ceurik, tuluy ngangguk.

 

“Anjeun ogé ulah poho ka kuring.”

Adit seuri, sanajan panonna katingali galisah.

 

“Abdi bakal balik. Sareng lamun abdi geus cukup wani, abdi bakal nyarioskeun sadayana.”

Nara hayang naros “sadayana naon?”, tapi kecapna eureun nalika hujan turun tarik, nutupan cimata dina pipina.

 

Isukna, Adit angkat.

Bulan jadi taun. Komunikasi beuki jarang. Nara tetep nungguan, ngagenggam harepan anu laun-laun melemah tapi teu kungsi padam. Anjeunna terus datang ka halte unggal hujan turun—ngahudangkeun jangji anu sabenerna teu pernah ngadéngé jawabanna

 

Dugi ka hiji isuk, Nara nampi talatah ti indungna Adit. Talatah pondok anu ngareuntagkeun haténa:

Adit moal balik deui.

Satu kajadian cilaka geus nyabut nyawana.

Nara teu sanggup nangtung. Rarasaana saendeng kenangan anu geus dijaga pageuh ruksak ragrag di payuneunana.

Peutingna, nalika hujan turun, Nara balik deui ka halte éta. Calik dina tempat anu sarua, ngagolérkeun awakna sorangan. Anjeunna miharep Adit muncul, seuri saperti baheula, nepikeun jangjina.

Tapi ngan sora hujan anu ngiringan.

 

“Dit…” bisikna bari sora ngageter, “lamun waktu éta anjeun sempat nyarioskeun sadayana… meureun abdi moal salila ieu ngantosan anjeun balik.”

Cimata na ngabaur jeung hujan, ngabasahan leungeunna anu ngageter.

 

Cinta Nara teu kungsi padam. Tapi ayeuna cinta éta ngan hirup dina kenangan—dina jangji anu teu kungsi kaucap, jeung dina rindu anu teu nyaho kudu mulang ka saha.

Banjar, 20 Oktober 2025.