CINTA SARENG KAJEMBARAN
Di balik hiruk pikuk kahirupan sakola, aya hiji carita leutik ngeunaan rasa nu tumbuh tanpa rencana. Dilla, saurang murid basajan, ngalaman hal-hal sapopoé nu kadang teu pati katingali: tatapan singget, seuri anu teu disangka, jeung haté anu lalaunan jadi beda. Unggal poé ngajarkeun anjeunna ngeunaan rasa—kumaha deg-degan, harepan, jeung kanyataan bisa datang babarengan. Sanajan teu salawasna saperti nu dipikahayang, aya kahaneutan dina unggal momen leutik anu teu bisa dilalaworakeun.
Bél sakola ngagero tarik, sora na siga ngagerem nyorakeun yén dinten anyar parantos dimimitian. Lorong-lorong sakola pinuh ku sora léngkah murid, sora sapatu nu ngagebruk kana téhel,
Ogé sora guyonanaksa panjaga kélas ngahuleng. Udara isuk-isuk masih kénéh seger, campuran bau kapur tulis jeung seungit buku anyar, tapi ogé kabaur ku bau késang barudak nu gancang-gancang ngudag waktuna.
Dilla lumpat leutik, awakna rada kagok ku tas nu ngagantung di taktak kénca. Leungeunna hiji ngagem tas, hiji deui ngusap pipina nu mimiti baseuh ku késang. "Aduh, ampir kabeurangan deui," ceuk manéhna dina jero haté, bari ngagancangkeun léngkahna.
Sanajan haténa rada deg-degan ku sieun aya guru piket nu ngahalangan, panonna henteu bisa leupas tina hiji tujuan séjén. Kabiasaan nu basajan, nu ampir unggal isuk dipigawéna henteu eureun : melirik ka kelas gigir.
Kelas éta, anu panto na sok kabuka satengah, sok ngajadikeun dadana ngarasa aya nu ngageleger. Ti dinya biasana anjeunna ningali Revan, budak lalaki anu teu sakadar populer, tapi ogé sok ngahudang rasa kagum ku sagala lampahna.
Revan téh enya populer, tapi henteu siga nu sok mintonkeun diri. Anjeunna rada santai, rada loba rerencangan, jeung gampang akrab jeung saha waé. Waktu pangheulana tampil di pentas seni sakola, mawa gitar bari nyanyi lagu nu lirih, sakabeh panitén siga keuna ku sihir. Lampu panggung nembongan ngalapisan awakna, sora gitarnya ngahudang suasana, jeung nalika anjeunna mesem, nu lalajo karasa siga dituju langsung.
Dilla waktu éta aya di tengah barisan lalajo. Anjeunna henteu ceurik atawa ngagorowok siga barudak séjén, tapi dina jero haténa, aya hiji rasa anyar nu ngembang. "Naon ieu? Naha jantung abdi jadi gancang sapertos kieu?" pikirna. Ti harita, unggal poé seolah miboga tujuan anyar: cukup ngan ukur ningali anjeunna sanajan sakedapan.
Isuk éta, Revan geus aya di hareup kelasna. Anjeunna keur ngobrol bari seuri jeung réréncangan lalaki, sasakali nepak taktakna. Cahya isuk nyorot kana rarayna, ngajadikeun garis seuri na katingali langkung jelas.
Dilla teu sadar ngurangan léngkahna. Anjeunna pura-pura ngalereskeun tali tas, nyorongkeun awakna rada ka kénca sangkan meunang waktos saeutik deui pikeun noongan.
"Dil, ulah neuteup kitu atuh di hareupeun kelas batur. Engké disangka anéh deui," bisik Sinta, rerencangan caketna, nu ti tadi satia jalan babarengan.
Dilla reuwas, énggal-énggal ngagebeg jeung nyumputkeun rarayna nu mimiti panas. "Kuring ngan ukur ningali jadwal piket, kok," saurana, sok tenang padahal haté mah ruruhah.
Sinta nyidik ku panon teu percaya. "Heueuh, alesanana sok kitu baé unggal isuk. Mun bener jadwal, naha kudu ningali unggal poé?"
Dilla ukur mesem leutik, teu wani ngajawab deui. Bener ceuk Sinta, tapi kumaha deui? Ngaku? Moal mungkin. Anjeunna henteu wani ngajadikeun dirina bahan guyonan, komo deui lamun kabeneran Revan nepi ka nyaho. Dina pikiranana, leuwih aman nyumputkeun rasa. Leuwih aman jadi panyumput, sanajan haténa terus beuki ngagedur.
Dina jero haténa, sora leutik ngagerem: "Saha kuring? Ngan ukur budak awéwé biasa, teu aya nu istiméwa. Sedengkeun anjeunna... Revan, budak lalaki nu dipikaresep ku loba jalma."
Tapi naon atuh salahna lamun haté ngan ukur resepeun ti jauh?
•••
Dilla geus boga niat nu mantep pikeun ngalepaskeun rarasaanana ka Rafka. Tapi unggal manehna hayang ngedalkeun kecap, aya wae halangan. Kadang Rafka keur babarengan jeung rerencanganana, kadang oge keur serius nyatet pelajaran. Dina haténa Dilla sok nyarios, "Meureun lain ayeuna waktuna. Meureun kudu nunggu momen anu pas."
Poé-poé ngalir. Unggal aya jam olahraga, Revan sok janten perhatian. Awakna jangkung, kuat, sarta lincah di lapang. Dilla sok keprok leutik bari seuri, tapi teu wani nyorakeun semangat siga batur. Hiji poé, nalika pertandingan basket antar kelas, sora sora batur ngaguruh ngadukung. Dilla ngan saukur ngageleng, haténa bari nyebut, "Sok kuat, Revan."
Pertandingan éta jadi momen penting. Kelas Revan meunang, jeung sakabéh barudak ngariung ngaraketkeun suasana. Dilla sorangan ngan ngawaskeun ti bangku panonton. Tapi teu disangka, Revan ningali ka arah manéhna, teras ngacungkeun jempol. Dilla kagét, pipina ngagemprong beureum.
"Duh Gusti, katingali ku manehna..." pokna dina haté. Tapi sabenerna éta momen anu nyieun haténa jadi beuki ngagedur.
---
Pangalaman Anu Nyeri
Hiji sonten, Dilla jeung rerencanganana keur di kantin. Suasana rame ku sora sora obrolan. Tiba-tiba Dilla ningali hiji pemandangan anu ngadadak nyieun haténa nyeri. Rafka keur lungguh di hiji meja, tapi henteu sorangan. Aya saurang awéwé ti kelas séjén anu lungguh gigireunana. Awéwé éta katempo luwes, rambutna panjang, jeung seuri na ngareungeu.
"Éh, eta lain si Salsa?" ceuk salah sahiji rerencangan Dilla bari nuduhkeun.
Dilla ngagerem, haténa sakaligus panas jeung tiis. Memang, Salsa téh katelah populer di sakola, loba nu resep, sarta geus lila jadi inceran loba murid lalaki. Ningali Revan ngobrol akrab jeung Salsa, jantung Dilla karasa diremas.
"Meureun maranéhna ngan saukur babaturan," ceuk haténa nyoba nenangkeun diri. Tapi pas ningali Revan nampa inuman ti Salsa jeung seuri bareng, sagalana karasa béda.
Siga aya anu leungit dina dirina.
---
Dilla teu hayang katempo ku rerencanganana lamun manehna sedih. Ku kituna, manehna maksa seuri, sok ngajawab obrolan, padahal haténa kerasa beurat. Dina perjalanan balik ti kantin, Dilla kapikir ku hal-hal anu anéh.
"Naon ari abdi ngan ukur resep ti kejauhan wungkul? Naon abdi kudu ngaleupaskeun wae ieu rarasaan?"
Tapi engkéna manehna sadar, rarasaan teu gampang leungit ngan ku kahayang. Aya waktu nu kudu ngadidik hate pikeun narima.
---
Waktu nu Ngeunaan
Poé Minggu, sakola ngadamel acara kagiatan organisasi di lapang olahraga. Dilla nu memang milu OSIS kudu datang. Sarta tanpa disangka, Revan ogé aya di dinya salaku wakil kelas. Dina kagiatan éta, loba pisan momen dimana Revan jeung Dilla babarengan dina tim nu sami.
Nalika keur nyusun peralatan, ramo maranéhna henteu kahaja pateunggeul. Dilla buru-buru narik leungeunna, pipina beureum deui. Tapi Revan ngan seuri leutik.
"Ati-ati, nya," ceuk Revan.
Dilla ngan bisa ngangguk. Haténa bari nyebut, "Mun baé waktu bisa eureun ayeuna."
---
Sababaraha minggu sanggeus éta, kabar sumebar yén Revan jeung Salsa sabenerna geus jadian. Kabar éta datangna ti grup kelas séjén, lajeng sumebar ka sakola. Dilla nu ngadéngé langsung ngarasa saperti langit ragrag kana sirahna.
Hiji peuting di kamar, Dilla ngagolér bari nahan cimata. Buku diary na dieusian ku kecap-kecap patah hate.
"Kuring ukur bisa nempo ti kejauhan. Kuring mikacinta, tapi manéhna geus milih batur. Naha ieu nu disebut cinta hiji arah?"
---
Waktu nu panjang ngadidik hate Dilla pikeun narima. Anjeunna sadar yén cinta henteu salawasna kudu miboga. Kadang, cinta téh cukup ku ngarasakeun jeung ngahargaan rasa éta.
Bari ngusap cimata, Dilla nulis deui dina diary:
"Kuring bakal kuat. Kuring bakal terus jalan, sanajan henteu bareng jeung manéhna. Nempo ti kajauhan ogé geus cekap pikeun kuring."
•••
Nalika balik ti lapang, Dilla ngarasa haténa campur aduk. Sisi haténa masih kénéh haneut ku cara Alan nyarita bieu, sanajan basajan, tapi aya rasa yén manéhna bisa deukeut. Tapi di sisi séjén, omongan si Nisa kénéh ngaganggu. "Revan geus boga kabogoh." Éta kecap saperti tatu anyar nu hésé cageur.
Di imah, Dilla muka buku catetan tapi panonna teu fokus. Tulisan guru Matematika nu di papan tadi karasa siga aksara acak. Haténa mah balik deui kana momen tadi siang. Cara Revan ngusap tarang bari seuri leutik, sora lemesna waktu nyebut, "ati-ati ya". Éta hal nu sederhana, tapi sanggup ngaguncang jagat haténa.
Hiji peuting, nalika keur mantuan indungna nyuci piring, Dilla teu tahan pikeun nyaritakeun.
"Mah, sok aya teu, jalma nu urang resep, tapi manéhna teu mungkin keur urang?" tanya Dilla pelan.
Indungna nyengir, "Aya wae atuh, Dil. Namanya oge kahirupan. Tapi naha nanya kitu?"
Dilla gancang ngibaskeun leungeunna, "Ah, teu nanaon, Ma. Nanya wungkul."
Tapi indungna teu bodo. Panonna nengetan anakna bari ngelus sirah Dilla, "Lamun resep, ulah sieun. Tapi inget, ulah maksa. Cinta téh kudu tulus, lain kudu boga."
Kecap éta nyantol, nyieun Dilla rada tenang, sanajan haténa masih berat.
Esokna, di kelas, kabeneran Revan asup ka kelasna. Ceukna aya koordinasi organisasi, jadi kudu ngumpulkeun data siswa. Jantung Dilla langsung ngagedur. Revan ngadeg di hareup, ngajelaskeun kalayan tenang, bari sakabéh murid ningali. Tapi keur Dilla, nu katingali téh ngan anjeunna sorangan.
Nalika Alan nyokot data ti meja, panonna kabeneran patepung jeung Dilla. Aya lirikan singget, tuluy Alan seuri leutik, "Data na geus siap, Dil?"
Dilla gagap, "Eh, ieu... ieu, Kang." Manehna nyerahkeun kertas bari leungeunna rada gemeter.
Revan nampa jeung ngangguk, "Nuhun, nya."
Sakelas sorak-sorak, "Ehhh, Dilla beureum pipinaaa..."
Dilla nepi ka ngarasa hayang ngalelep. Revan ngan seuri, teu ambek, malah rada ngusap tarangna siga biasa. Dilla ngan bisa nyuruwuk dina bangku bari jantungna siga rek meledak.
Tapi, isukna kabeneran Dilla ngadéngé obrolan ti kantin. Aya sababaraha murid nu nyebut ngaran Revan jeung hiji awéwé ti kelas séjén, nu kacida populérna. "Revan mah satia, kabogohna geulis pisan, cocokna." Dilla langsung reuwas, haténa ngilu. Omongan Nisa bener.
Ti harita, Dilla nyoba ngaleutikan perhatianna. Manehna teu hayang balik deui kapangaruhan. Tapi teu gampang. Unggal ningali Revan ngaliwat, haténa tetep nyeri tapi ogé masih hayang.
Dina hiji sore, Dilla ngadagoan angkot. Hujan ngadadak turun deras. Sagalana kagok, sabab manéhna teu mawa payung. Revan kabeneran kaluar ti gerbang sakola, mawa motor Aerox-Na. Ningali Dilla keureut hujan, Revan ngeureunkeun motor, "Dilla, hayu ku kuring wae. Baseuh kitu, bahaya."
Dilla kaget, bingung kudu nolak atawa henteu. Tapi hujan ngageleger, angkot teu aya nu eureun. Tungtungna manéhna naek, bari jantung ngagebrak.
Sapanjang jalan, teu loba omongan. Hawa ti jaketna Revan ngagelebug ka tukangeun Dilla. Bau parfumna nyampur jeung hawa baseuh hujan, nyieun momen nu moal poho.
Nepikeun ka imah, Revan nyebut, "Sing ati-ati, Dil. Ulah gampang teuing ngantep diri baseuh."
Dilla ngan bisa ngangguk bari pipina panas.
Ti harita, rasa nu nyampur antara bahagia jeung nyeri jadi makin kuat. Dilla sadar, manéhna moal bisa sagemblengna nyingkahan Revan.
•••
Dilla masih diuk dina kursi taman sakola, panonna teu bisa leupas tina hiji titik di lapang basket. Angin sore nu ngagelebug lemes ngajadikeun rambutna sakedik ngagoyang, bari sora tawa budak-budak nu keur ulin basket nyampur jeung sora jangkrik nu mimiti katingali sore.
Aya hiji jalma nu ti kamari sok narik perhatianana. Lalaki éta jangkung, kulitna saulas dua belas, make seragam nu rada acak-acakan tapi entah kunaon, katingali tetep rapih di panonna. Ngaran éta budak nyaéta Revan.
Dilla teu apal pasti iraha mimiti haténa karasa beda. Mungkin ti waktu MPLS, nalika sakabeh murid anyar kudu kumpul di lapang pikeun ngadangu arahan OSIS. Revan nu jadi bagian panitia waktu éta sok sibuk bolak-balik ngatur barisan, sora lantangna ngajadikeun jalma gampang nurut. Ti dinya, Dilla sok nyieun alesan pikeun ningali deui.
Sapopoe, lamun jadwalna kosong, Dilla sok nyelapkeun diri ka jandela kelas, ngintip ka lapang basket atawa koridor sabalikna, ngan ukur pikeun mastikeun yén Revan aya.
"Dill, naha deui ningali manehna?" celetuk Sinta, sobat pangdeukeutna, nu ti tadi niténan gerak-gerik Dilla.
Dilla buru-buru ngaléngkahkeun panonna ka buku catetan. "Ah, henteu atuh. Kuring keur maca catetan IPA."
Sinta ngakak, ngadéngdéngkeun leungeunna kana méja. "Maca catetan? Téh, nu maneh baca mah ti tadi kosong, ngan aya judul bab doang."
Dilla beuki ngarasa beureum pipina. Henteu bisa dipungkir, bener pisan ceuk Sinta.
---
Sakumaha lila-lilana, Dilla ukur wani neuteup ti kajauhan. Anjeunna sieun lamun deukeut, haténa moal sanggup nahan. Tapi, hiji sore nalika sakabeh kelas dibéré tugas kelompok, Dilla kaget pisan sabab anjeunna jeung Revan kaasup kana kelompok nu sarua.
"Kelompok lima, Revan, Dilla, Sinta, jeung Adi," saur guru, bari nyebutkeun daptar.
Jantung Dilla ngadadak ngagabrug, siga nu rek ragrag. Anjeunna coba néangan Sinta, muga-muga aya panyelamet. Untungna, Sinta ngéléhkeun kaayaan ku ngajak Dilla babarengan.
"Eh, urang nyiapkeun bahan bareng wae di perpustakaan, kumaha?" ceuk Raka bari nyingsieunan buku.
"Wios," jawab Sinta sigap, "enya Dill?"
Dilla ngan ukur ngangguk.
Di perpustakaan, atmosfirna rada béda. Hening, ngan aya sora kipas jeung lambar kertas dibalik. Dilla sok keukeuh ulah katingali gugup.
"Dill, bagian nu ieu kumaha? Bisa maneh catetkeun?" ceuk Revan, ngasongkeun buku.
Dilla nyokotna bari leungeunna rada gemeter. "Oh, iya... bisa, bisa."
Sakitu basajanana, tapi keur Dilla, éta pangalaman teu kaéléhkeun. Anjeunna jadi leuwih apal sora Revan lamun nyarita, kumaha carana seuri, jeung kumaha cara matana neuteup lawan omongan.
---
Poé-poé saterusna, rasa kagum éta beuki ngagedéan. Dilla jadi ngumpulkeun sakabéh fragmen nu aya hubungan jeung Revan: cara anjeunna ngalakukeun free throw, cara anjeunna ngobrol jeung guru, nepi ka cara anjeunna nyorakeun salam ka satpam sakola.
Tapi, dina hiji waktu, Dilla katarajang ku kanyataan anu ngagugah haténa.
Sore éta, nalika anjeunna balik sakola rada telat, Dilla ningali Revan keur ngadeg di gigireun kantin bari seuri lemes ka hiji awéwé. Awéwé éta lain sembarangan, anjeunna katelah di sakola minangka murid pinter jeung ramah, ngaranna Nadya.
Dilla mandeg, asa jantungna kabebeng. Panonna henteu salah: Revan jeung Nadya sigana geus akrab. Malah, Revan ngasongkeun botol cai ka Nadya, terus Nadya narima bari seuri.
"Teu kudu jadi detektif ogé geus jelas, Dill," ceuk sora batinna, "manehna resep ka Nadya."
Bari ngaléngkah gancang, Dilla milih teu nonton deui.
---
Mangsa-mangsa sanggeusna, haté Dilla jadi karasa campur aduk. Anjeunna masih kersa neuteup ti kajauhan, tapi dina waktu nu sarua, anjeunna kudu nahan rasa nyeri nu teu bisa dijelaskeun.
Sinta nu biasana sok jadi tempat curhat, jadi apal heula. "Dill, lamun bener Revan resep ka Nadya, naha maneh rek kumaha?"
Dilla ngadénghap, sora lemes. "Teu kumaha. Jigana cukup katingali wae ti kajauhan. Naha kudu dipaksakeun lamun haténa geus aya nu boga?"
Sinta jadi reuwas ku kalimah sobatna nu biasana rada isin. Tapi, anjeunna ngarti pisan.
---
Dilla teu nyangka, perjalanan sakitu panjangna ngan ukur sangkan anjeunna sadar yén rasa resep téh teu kudu salawasna jadi milik. Kadang cukup pikeun ngarasakeun yén haté kungsi pinuh ku kagum, meskipun tungtungna kudu ngantepkeun.
Siga sore éta, nalika anjeunna diuk deui di taman sak
ola, ningali Revan jeung Nadya nu babarengan. Haténa masih ngilu, tapi ayeuna, Dilla bisa seuri saeutik.
"Teu nanaon. Nempo ti kajauhan ogé cukup, asal anjeunna bagja."
---
TAMAT
maulida