"Mengenal Gibran Rakabuming Raka: Tokoh Muda Siap Tanggung Jawab Gedé"
Préstasi waprés
"Mengenal Gibran Rakabuming Raka: Tokoh Muda Siap Tanggung Jawab Gedé"
Gibran Rakabuming Raka, nu dipikawanoh minangka putra kahiji Présidén Joko Widodo, geus nunjukkeun poténsi kapamimpinanna saprak ngalebetkeun kana dunya pulitik. Minangka Wakil Présiden Républik Indonesia, Gibran mawa pendekatan anyar jeung paduli kana masalah-masalah masarakat anu luas. Gibran dipikawanoh salaku pribadi anu paduli kana kabutuhan masarakat, hususna dina palayanan publik jeung pangembangan séktor-séktor anu nguntungkeun di daérah. Saprak jadi Waprés, Gibran geus hasil mintonkeun rupa-rupa préstasi anu ngabuktikeun kamampuhna pikeun ngamajukeun nagara.
Salila ngajalankeun tugasna salaku Wakil Présidén, Gibran boga sababaraha préstasi anu diaprésiasi ku masarakat. Kahiji, anjeunna museurkeun perhatian kana pangembangan ékonomi kréatif. Gibran ngadukung program-program pikeun UMKM supaya bisa bersaing di pasar lokal boh internasional. Salaku conto, anjeunna ngainisiasi program pelatihan pikeun para pangusaha ngora sarta méré dukungan dina bentuk aksés permodalan nu ngaluarkeun modal saageung 28,3M kanggo bisnis kulinerna jeung palatihan digitalisasi pikeun ngalegaan pasar. Préstasi kadua, Gibran ogé ngabuktikeun kapedulianana kana peningkatan kualitas pendidikan di Indonésia. Babarengan jeung pamaréntah pusat, anjeunna ngadorong program béasiswa sarta aksés pendidikan pikeun masarakat anu kurang mampuh. Program ieu diharepkeun bisa ngurangan kasenjangan sosial sarta méré kasempetan ka generasi ngora pikeun mibanda masa depan anu leuwih cerah. Salajengna, Gibran ogé aktif dina pangembangan infrastruktur di daérah, hususna di wilayah terpencil. Anjeunna ngadorong pembangunan jalan, fasilitas kaséhatan, sarta aksés internét anu leuwih merata sangkan masarakat bisa ngaraosan mangpaat tina pembangunan ieu. Kalayan infrastruktur anu cukup, diharepkeun bisa ningkatkeun kualitas hirup masarakat sarta muka kasempetan ékonomi di daérah éta.
Kalayan rupa-rupa préstasi éta, Gibran Rakabuming Raka geus ngabuktikeun dirina salaku Wakil Presiden anu paduli ka masarakat jeung boga komitmen pikeun ngamajukeun Indonesia. Kapamimpinan Gibran nunjukkeun visi anu jelas dina pembangunan, hususna dina widang ékonomi kréatif, pendidikan, sarta infrastruktur. Ku peranana, Gibran diharepkeun bisa terus méré pangaruh anu positif sarta ngawujudkeun Indonésia anu leuwih maju, adil, sarta sejahtera pikeun sakumna rahayat.
By: Nayla Oktalestari XI-12 & Zahra Virgin Aprillia XI-10
Nayla Oktalestari