kuring jeung indung

carpon ieu nyaritakeun yèn indung tèh sumber kahirupan jeung pangajaran nu teu aya tandinganana. Sakumaha hèsèna hirup, indung sok aya pikeun nguatkeun anakna. kanyaah indung henteu bisa diukur ku nanaon, ngan bisa ngabales ku kalakuan nu hade jeung usaha pikeun ngajadikeun anjeunna bungah.

kuring jeung indung

"kuring jeung indung"

isuk - isuk tèh biasana indung nu sok hudang pangheulana. Sanajan peuting kènèh karasa tiis, anjeunna tos biasa hudang samèmèh adzan subuh, lampu dapur hurung, sora panci jeung katél silih tabrakan, Bau sangu nu anyar kénéh asak. Indung ngagegero kuring anu masih kènèh ngaréngkol dina kasur.

" hudang néng, engkè bisi kabeurangan ka sakola" , ceuk indung bari nyalukan leuleus.

kuring ngagerendèng, rada hésé hudang.Tapi ku kituna indung henteu kantos ambek.Anjeunna sok sabar, ngusap taktak kuring, nepi ka kuring bener - bener hudang . Nalika kuring kaluar ti kamar, indung geus nyiapkeun sangu, lauk asin, jeung sambel leutik dina meja.

indung henteu kantos ngeluh, padahal kagiatanna beurat. bapak kuring damel ka kebon ti isuk nepi ka burit, ari indung henteu ngan ukur ngurus imah tapi ogé dagang sangu uduk ka pasar. Anjeunna daèk ngalakukeun sagalana pikeun nyumponan kahirupan kuring. 

Hiji mangsa, kuring meunang PR ti guru basa sunda. PR-na hèsè, kudu nyieun carpon ngenaan kahirupan sopopoé. kuring bingung. Bapak teu aya di bumi, indung deuih keur beberesih dapur. kuring ngarahuh bari rada pundung.

"ema , abdi teu tiasa ngadamel ieu tugas.hèsè pisan", ceuk kuring bari nyentak leutik

indung henteu ambek. Anjeunna ngadeuheus, tuluy nyarita kalem:

"nèng, dina hirup, ulah gancang nyerah . Sagalana tiasa dilakukeun lamun urangna daèk usaha. Tugas ieu gampang, tingali ka sabudeureun.Carpon ngeunaan kahirupan mah seueur pisan contona, malah kahirupan urang sorangan ogè tiasa dijadikeun carita.

Kuring ngadéngé éta omongan bari ngagerendèng. Dina haté, enya pisan, indung téh sok bisa ningali hal tina sisi anu basajan.

Teu lila, kuring ngadamel karangan ringkes ngeunaan indung sorangan. Sakedapan, kuring sadar yén sabenerna sumber carita anu pangdeukeutna nyaéta indung. Anjeunna nu sapopoé merangan capé demi kulawarga, tapi henteu kungsi ménta balasan.

Sanggeus PR réngsé, kuring seuri nyumput. Indung imut bari nanya:

“Kumaha, tos réngsé?”

Kuring ngan ukur unggeuk, bari dina haté mimiti aya rasa hanjakal. Teu pantes rasana kuring tadi nyentak ka indung. Anjeunna sok sabar, sedengkeun kuring sok gampang pundung.

---

Isukna, nalika di sakola, guru maca sababaraha carpon ti murid. Nalika giliran kuring, carpon ngeunaan “Indung” dibacakeun. Sadaya réréncangan seuri, aya nu reuwas, aya nu nyarita:

“Kuring ogé boga indung siga kitu.”

Guru ngadéngékeun serius, tuluy masihan pujian. “Carita ieu basajan, tapi jero pisan. Anjeun tiasa ngungkabkeun kanyaah anak ka indung dina kecap anu jelas.”

Kuring ngarasa reueus, tapi dina waktos anu sami, aya rasa sedih. Indung teu aya di dinya pikeun ngadéngé pujian éta. Anjeunna masih sibuk di pasar ngajual sangu uduk.

Sanggeus balik sakola, kuring tuluy lumpat ka pasar. Nalika ningali indung keur ngajual, leungeunna kotor ku bumbu jeung minyak, haté kuring asa murag. Kuring nyampeurkeun, ngagandéng leungeunna.

“ema, tadi carita abdi dibacakeun ku ibu guru. Sagalana téh pikeun anjeun. Hatur nuhun parantos ngajarkeun kuring,” ceuk kuring bari nahan cimata.

Indung seuri, sanajan rarayna katingali capé. “Ulah ngan ukur dina carita, Nak. Buktikeun dina kahirupan nyata. Kuring teu butuh pujian, asal anjeun jadi anak nu bageur jeung mangpaat.”

---

Ti harita, kuring leuwih sadar yén hirup téh henteu ngan ukur pikeun diri sorangan. Indung geus masihan conto kumaha kudu sabar, kumaha kudu narima, jeung kumaha kudu daék berjuang sanajan hésé.

Kuring mimiti ngabantosan indung beberesih di dapur, ngabantosan nyiapkeun sangu uduk, sanajan ngan saukur nyieunan kantong atawa ngumbah piring. Indung sok seuri bari nyebut, “Alhamdulillah, ayeuna aya mah nu mantuan.”

Sakapeung, kuring ogé diajar ngitung duit hasil dagangan. Indung sok ngingetan, “Rejeki teu meunang boros. Simpen saeutik-saeutik, sabab hirup sok aya kabutuhan anu teu diduga.”

Ku cara kitu, kuring henteu ngan ukur diajar ngaji jeung maca buku, tapi ogé diajar hirup. Pelajaran anu henteu pernah aya dina buku, tapi nyata pisan dina kahirupan sapopoé.

---

Nalika beuki gedè, kuring sering mikirkeun kahayang indung. Anjeunna henteu kungsi nyebutkeun naon-naon anu dipikahayang, salian ti ningali kuring rajin sakola. Anjeunna henteu pernah ngimpi kudu boga imah gedé atawa mobil.

Hiji peuting, kuring nyarita ka indung:

“ema, abdi janji. Abdi rék diajar rajin, hoyong ngabahagiakeun anjeun. Mugia engké abdi tiasa ngajantenkeun hirup anjeun leuwih bagja.”

Indung ngusap sirah kuring bari seuri. “Hirup téh teu kudu gedé-gedékeun, Néng. Nu penting anjeun jujur, hadé ka sasama, jeung tetep émut ka Allah. Éta anu matak ema bagja mah.”

Kecap éta ngagema dina haté kuring. Bagja henteu kudu méwah, cukup ku kanyaah jeung silih hormat.

---