Cahaya Haté
Langit isuk katémbong hérang pisan. Sora jangkrik di kebon tukangeun imah mimiti ngaleungit, diganti ku sora budak anu ék marangkat sakola.
Nisa, anjeunna murid kelas tilu SMA, anu kawentar ku sikap bageurna,ceria, jeung daék nulungan saha waé.
Isuk éta, anjeunna geus nyiapkeun sagala nu ek di candak ka sakola ngagolérkeun kantong sakolana bari nyarita ka indungna.
“Mak, abdi angkat heula, nya. Sok sanajan ayeuna aya ulangan, insya Allah lancar.”
“Sing sabar jeung sing jujur, Neng,” saur indungna bari lemes.
Indungna Nisa téh tos lami teu damang, tapi henteu kantos ngeluh. Nisa anu ngurus sagalana: ti mimiti masak, beberesih, nepika ngurus adina nu masih kénéh SD. Sanajan kitu, Nisa teu kungsi nyarita capé. Anjeunna sok mésem, sok ngajak batur seuri, sanajan haténa mindeng sepi.
Di sakola, Nisa kawentar pisan di kalangan babaturanana. Anjeunna murid nu rajin tapi teu sombong, malah sok ngabantuan batur nu susah.
“Héy, Nis, abdi teu ngarti ieu rumus fisika. wios diajar bareng teu?” ceuk Tira, réréncangan sakelasna.
“Hayu atuh, Ti. Ulah hariwang, abdi ogé kirang ngartos. Diajar sasarengan mah leuwih gampil,” jawab Nisa bari nyieun coretan dina papan tulis leutik.
Unggal poé, anjeunna sok masihan seuri ka unggal jalma di sakola, tapi teu loba nu apal yén di jero haténa, aya kasusah anu henteu kanyahoan. Saban balik sakola, anjeunna kudu langsung ka warung leutik sisi jalan, ngajual goréngan jeung és lilin pikeun mantuan biaya obat indungna.
Sanajan kitu, Nisa teu kungsi ngarasa handap diri. Anjeunna malah nyebutkeun, “Hirup mah kudu di sarengan ku seuri, ulah ku ceurik. Lamun urang sumanget, Gusti ogé bakal ngabuka jalan.”
---
Dina hiji poe, sakola ngadadak ngumumkeun yén bakal aya lomba pidato basa Sunda antar-siswa. Nu meunang bakal meunang beasiswa ti pamaréntah.
Nisa mutuskeun pikeun ngiringan, sanajan haténa rada sieun. Anjeunna nyiapkeun pidato nu judulna “Kadeudeuh ka Kolot”.
Waktu lomba dimimitian, loba murid nu anggoan n saraé. Tapi Nisa maju kalayan basajan, maké kabaya bodas anu geus rada lawas, tapi sipat percaya dirina nyorot.
Sora Nisa ngalembereh, ngageterkeun haté sakumna nu ngadéngé:
> “Kolot téh lain malaikat, tapi cinta maranéhna leuwih luhur ti jangjang malaikat. Kuring diajar teu ngan ti buku, tapi ti panon indung kuring nu teu eureun nyawang ku kanyaah…”
Sakabéh nu ngadéngé nepi ka jempling. Guru-guru reueus, réréncanganana nepi ka aya nu ngusap cimata.
Ahirna, Nisa meunang juara kahiji, jeung meunang béasiswa pikeun kuliah di Bandung.
---
Peutingna, anjeunna balik ka imah mawa piala. Indungna anu keur tilem dina ranjang hudang bari seuri lemah.
“Neng meunang, Mak… ieu kanggo anjeun.”
Indungna ngelus pipina bari nyebut lirih, “Mak henteu boga nanaon deui salian ti anjeun, Neng. Anjeun teh cahaya dina haté Mak…”
Tilu poé sanggeus éta, indungna Nisa kapundut ku waktu. Tapi Nisa henteu ngantep haténa runtuh. Anjeunna neruskeun sakola, ngajaga adina, jeung jadi conto pikeun sakumna murid.
Di sakola, unggal guru mindeng nyebut nami Nisa nalika nyarita ngeunaan kahadéan.
> “Lamun rék nyaho naon hartina bageur jeung sabar, tingali kumaha Nisa hirup. Anjeunna ngajarkeun urang yén keceriaan téh henteu asal tina kabeungharan, tapi tina kahadean haté.”
---
Sa atos lulus, Nisa meunang kuliah gratis di Bandung. Anjeunna sering balik ka kampung, ngajar budak leutik maca jeung nulis di madrasah leutik nu baheula tempat anjeunna diajar.
Saban anjeunna datang, murangkalih sok nyarita:
> “Teh Nisa datang! Teh Nisa datang!”
Jeung anjeunna ngan seuri, nyarita hampang:
> “Hayu urang diajar, barudak. Lamun urang jadi pinter jeung bageur, dunya ogé jadi leuwih caang.”
Putria Silviani