Carita Cinta Dayna

carita ieu nyarita keun tentang cinta Dayna ka angkasa pas awal Dayna ngarasa keun cinta

Carita Cinta Dayna
Ieu gambar kenging tina pinterest https://pin.it/72oioxTD2

Dayna, manéhna nyaho cinta basa asup SMP negeri di kotana. Manehna teh awewe anu teu gampang resep ka lalaki. Wanoja pinter tur geulis, loba lalaki ganteng nu resep ka manehna. Sanajan kitu, manehna teu ngarasa katarik ka lalaki anu resep ka dirina. Pikeun kahiji kalina manéhna ngarasa cinta anu luar biasa, manéhna reuwas naha nalika papanggih jeung lalaki, haténa teu bisa eureun degdegan sarta beuki degdegan nalika deukeut jeung lalaki. Eta lalaki teh namina Angkasa, lalakina ganteng pisan, malah loba awewe nu resep ka manehna, ku sabab rupana nu hade nu matak kabeh awewe mikanyaah ka manehna, manehna teh jadi lalaki anu teu peduli, manehna ngan nongkrong jeung babaturan nu deuket jeng anjeunna jeung awéwé NU ku anjeunna dipikaresep. Salian ti tampanna, Angkasa ogé dipikaresep ku lantaran hobi maen voli jeung maén bola na.
Senen Enjing, dinten anu indah dimana dinten ieu dinten mimiti murid SMP nuju sakola. Waktu mimiti asup sakola, Dayna teu boga babaturan di kelas nu kenal. Nepi ka ahirna bel sakola disada tanda istirahat kahiji geus datang. Tapi, Dayna leuwih resep cicing di kelas ningali babaturan anyarna. Teras Dayna kenalan sareng réncangna
"hei, nami anjeun saha?" Ceuk Dayna bari ngalambaikeun tanganna
"nami abdi Ninis," jawabna
"oh, salam kenal nya... Nami abdi Dayna," ceuk  Dayna bari nganyodorkan tanganna.
"Muhun, salam kenal Oge," jawab Ninis
"eh engke pas istirahat ka 2 urang jajan cilok kuah yu," ajak Dayna ke Ninis
"Hayu wae Abi mah" kalawan bungah lantaran meunang sobat anyar
Sabot keur di kantin, Dayna nempo saurang lalaki nu ngaranna Angkasa. Paneuteup Dayna ukur museur ka Angkasa, nepi ka Ninis nanya, Dayna teu ngajawab.
"Dayna, aya naon?" Ninis nanya
“.............” Dayna teu ngajawab
"Dayna, aya naon?" Bari ngalambaikeun leungeun hareupeunana
"Emh... teu nanaon," jawab Dayna, bingung
Dayna ngalamun kapikiran. Dina jero hatena, Dayna ngomong, "Duh, kunaon abdi terus-terusan nempo lalaki eta, padahal abdi teu wawuh ka anjeuna?"

"Dayna, anjeun kunaon? Anjeun damangkan?" Ninis nanya ka Dayna katilu kalina
"Oh enya, abdi henteu kunanaon," jawab Dayna, anjeunna ngabohong
Istirahat geus réngsé, Dayna masih mikir ngeunaan naha ieu kajadian. Anjeunna teu fokus kana diajarna. Manéhna teu ngarti kana matéri anu ditepikeun ku guru.
Isukna, waktu Dayna jeung Ninis keur obrol jeung bobodoran di taman. Angkasa oge keur Aya di tempat eta sarua jeung maranehna, tapi... Angkasa teu sorangan, manehna datang jeung baturna nu ngaranna Dwi. Haté Dayna nyeri pisan ningali éta lalaki bobodoran jeung baturna. Dayna henteu terang naha haténa karasa nyeri pisan nalika ningali éta lalaki, sanaos aranjeunna henteu kenal. Terus Dayna nanya ka dirina, dina jero haténa Dayna ngobrol "apa  ieu nu disebut cinta? Apa éta awéwé teh kabogohna? Lamun enya, naha kudu manéhna nu ku abdi dipikacinta?" Dayna terus nanya ka dirina sorangan.
Lila-lila, Dayna masih kénéh panasaran kumaha parasaanana. Dayna masih mikir naha éta bisa lumangsung, naha cinta kudu datang ka dirina, sarta patarosan éta terus ngurilingan dina  pikirannana. Nepi ka hiji poé Dayna neangan informasi tentang saha manéhna, kelas naon manéhna, naha manéhna boga kabogoh atawa henteu jeung loba deui hal anu Dayna teangan ngeunaan lalaki ieu. Nepi ka ahirna Dayna manggihan saha manéhna, jeung dimana kelasna. Tapi harita Dayna teu nyahoeun yén lalaki nu dipikanyaahna geus boga kabogoh.
Tiap poe lamun Dayna nempo Angkasa sok ngarasa bungah pisan, nepi ka ahirna Dayna nyaritakeun tentang manehna ka Ninis nu boga rasa ka Angkasa. Waktu harita Ninis nyaho yen Angkasa geus boga kabogoh, tapi Ninis teu tega nyaritakeun nu sabenerna ka Dayna, dugi KA akhirna Ninis pura-pura teu nyaho yen angkasa geus bogaeun kabogoh.
Waktos nu tos kaliwat, tiap poe Dayna sok nyaritakeun tentang angkasa ka Ninis, tentang naon nu dilakukeun Angkasa, tentang naon nu diresepna, tentang hobinna, jeung tentang sahari-harianna
Dinten Senin, dimana pas poe eta Dayna ngarasakeun poe nu riang, saolah-olah anjeunna terang hal seru bakal kajadian. Waktu éta guru nitah murid-murid langsung ka lapang, Dayna jeung Ninis langsung indit nganuju ka lapang. Tapi aya kajadian anu goréng nalika Dayna keur nganuju ka lapang, kalayan léngkah anu kaleuleuwihan, anjeunna turun naék tangga dugi ka tungtungna... aduh!!! Dayna tijalikeh. Kabeneran aya lalaki nu nulungan manehna, waktu Dayna nempo beungeut eta lalaki tétéla nu mantuan manéhna téh Angkasa. Nyeri sareng éra ngadadak ngaleungit sabab Angkasa anu ngabantosan anjeunna.
“emmm..Hatur nuhun nya,” ceuk Dayna nu wajahna mulai bareureum kusabab bungah nu di tahan.
“muhun, tapi engke-engke deui Mun jalan ati-ati nya,” ceuk Angkasa bari ninggalkeun Dayna nu masih kagoda ku sikapna.
Teu lila, upacara dimimitian. Sadaya murid ngahadiran upacara ti mimiti dugi ka rengse. Bel disada tanda mimiti palajaran kahiji, Dayna jeung Ninis nuturkeun pelajaran ogé nepi ka réngsé waktu diajar. Geus jam 15.30, Dayna nungguan babaturanana nu keur nyokot motor di parkiran. Teu kahaja Dayna jeung babaturanana nempo Angkasa balik jeung kabogohna.
"Eh eta angkasa Jeung Saha sih? Katempona jiga nu deukeut pisan," tanya Dayna ka babaturanna.
"Emangna anjeun teu terang mun Angkasa gaduh kabogoh?" malah balik nanya ka Dayna.
Dayna reuwaseun ngadéngé omongan babaturanana, manéhna ngarasa nyeri jeung hayang ceurik ngadéngé éta.
Salasa anjog, Dayna nyaritakeun Ninis ngeunaan Angkasa bari nahan cimata. Ngadéngé éta carita, Ninis ngarasa salah lantaran teu ngabéjaan ti mimiti.
"J-jadi... Anjeun tos terang naon nu sabenerna Dey?" Tanya ninis nu dibarengan ku rasa bersalahna
"Kunaon anjeun nanya kitu? Apa anjeun tos terang yen Angkasa tos gaduh kabogoh?" Tanya Dayna
"Mu-muhun, hampura abdi nya," jawab Ninis Jeung raut wajah nu ngamelas
"Terus, Naha kunaon anjeun henteu méré nyaho Mun Angkasa teh tos gaduhen kabogoh? Mun abdi geus nyaho ti mimiti, abdi moal boga rasa leuwih ka manehna," tanya Dayna ku rasa keuheul na
"Uhun abdi salah, abdi ngira awalna ieu teh keputusan nu tepat jang anjeun mun anjeun teu mika apal hal ieu, jeung niat abdi teh ngan ameh henteu nganyeri hate keun anjeun" jelas ninis
"Uhun abdi terang niat anjeun sae, tapi teu kieu oge caranya nis" ceuk dayna
"Enya entos bade kumaha deui, hal ieu tos kajadian. abdi menta hampura nya" ninis menta hampura ka dayna
"Uhun, tos di maafkeun" jawab dayna
Dayna jangji ka dirina sorangan moal mikir deui tentang hal eta, ogé jangji yén lamun aya lalaki nu nyoba narik simpati dirina, manéhna bakal ati-ati sarta neangan informasi heula saméméh nyieun kaputusan. Dayna jeung Ninis akur deui, maranéhanana senang-senang tanpa mikiran asmara anu matak nyeri haté