Lalampahan Mulih
Carita ieu ngalantarankeun pangajaran ngeunaan kanyaah indung anu langgeng, pentingna ngahargaan waktu, jeung beuratna kaduhung nalika kabagjaan geus teu bisa dibales deui.
Jaka, saurang pamuda ti désa, ti nonoman kénéh geus boga kahayang pikeun ngarobah nasibna. Anjeunna mutuskeun pikeun ngumbara ka kota kalayan harepan bisa ngabuktoskeun yén hirup téh tiasa robih upami aya tarékah. Dinten-dinten Jaka salawasna kakeueum dina damel; késangna garing sateuacan sempet nelepon ka tuang Iu di lembur. Telepon ti lembur sering kaliwat, ngan ukur disimpen dina jero manah, disebatkeun sibuk.
Hiji dinten, aya bancana ékonomi narajang. Harga kaperluan ngalambung, sedengkeun gajih teu sabaraha. Jaka kadéséh, manahna resah, sarta anjeunna capé ku hirup di kota anu beuki ngimpitan. Di tengah karuwetan éta, hapéna disada — nami “Ibu” kacantum dina layar.
Kalayan sora nu halimpu, tuang Iu nyarios, “Ujang, Ema téh hoyong pisan ningali hidep mulih.” Nanging amarah nu ditahan-tahan ngabédah. “Ema, abdi teu tiasa mikiran nu sanés iwal ti tiasa hirup! Naha Ema teu ngartos?!” saur anjeunna sora serak. Sambungan telepon éta dipareuman kalayan kasar. Sakedapan jempé, tapi rasa kaduhung netes siga hujan gedé dina dadana. Telepon pegat, sarta kasunyian deui ngarayap ka kamar alit di lembur éta.
Tuang Iu Jaka neuteup layar hapéna anu ayeuna poék. Pananganana ngadégdég, salira ringkih, napasna pondok-pondok, nanging socana tetep baseuh ku asih nu teu weléh aya. “Pun anak bendu deui…” ngaharéwos lirih, ampir teu kadéngé. “Tapi teu sawios… panginten hirupna di ditu beurat.” Dina méja kai réot, anjeunna nyandak salambar kertas. Ku panangan anu ngadégdég, anjeunna nulis lalaunan, aksara-aksara miring kabentuk dina kertas anu lusuh.
Minggu-minggu gentos. Kaayaan ékonomi rada meredih, manah Jaka lalaunan mimiti tenang. Dina jempéna wengi, anjeunna nyepeng hapé, badé nelepon ka tuang Iu. Nanging gengsina anu luhur ngéléhkeun kasonona anu kuat. Anjeunna nunda, nunda, dugi ka kaduhung janten réréncangan.
Dugika ahirna, aya telepon lebet. Sora tatangga kadéngé beurat, “Jaka… Tuang Iu anjeun parantos pupus.” Dunya asa rugrug. Ramana parantos lami ngantunkeun nalika anjeunna masih alit, ayeuna tuang Iu ogé ngantunkeun kalayan jempé tanpa amanat anu pamungkas.
Jaka buru-buru mulih. Anjeunna numpak beus, sapanjang jalan cimata henteu eureun-euren murag, ngabaseuhan acuk, minuhan dadana ku kasedihan anu nyeri. Nepi ka di lembur, anjeunna nangtung kaku di payuneun rorompok alit anu kantos janten sawarga budakna.
Angin soré ngahiliwir nyandak kenangan: tuang Iu anu sok sibuk nyiapkeun sarapan, nepak taktakna unggal anjeunna labuh, sarta imut haneut anu salawasna nenangkeun. Ayeuna, ngan kari sepi. Panto rorompok éta ngagéol nalika Jaka ngadorongna. Kebul beterbangan, seungit kai kolot campur sareng jempé anu nyekek. Anjeunna ngaléngkah lalaunan, unggal juru rorompok karasa deungeun sakaligus akrab — dinding anu baheula dihias ku sora seuri, ayeuna ngan mantulkeun sepi.
Socana murag kana méja kai di juru ruangan. Di luhureunana, aya salambar kertas ngalipet, lusuh, warnana semu coklat dimangsa ku waktos. Jaka ngadeukeutan, ramo-ramona ngadégdég nalika nyandak kertas éta. Aya tapak mangsi anu samar, aya noda buleud urut cimata anu parantos lami garing. Ku ati-ati, anjeunna muka lipetan éta.
"Ujang, ulah bendu ka Ema lantaran nelepon hidep di tengah kasibukan hidep.
Ema mung hoyong ngadangu sora hidep, sanajan sakedap.
Ema terang jalan hidep beurat, Ema terang hirup hidep teu gampil.
Nanging Ujang, Ema parantos capé. Salira ieu sering éléh nahan panyawat.
Waktos Ema panginten moal panjang deui. Upami hiji dinten hidep mulih, tur Ema parantos teu aya, ulah ceurik lami teuing.
Émut, yén unggal léngkah hidep salawasna didu'akeun ku Ema, sanaos hidep hilap ngadu'akeun Ema.
Unggal tetes késang hidep, unggal kasedih hidep, sadayana ku Ema dititipkeun ka langit supados hidep dikuatkeun.
Ujang, ulah hilap bagja. Ulah teuleum dina kaduhung. Upami hidep sono, titénan langit wengi.
Di dinya aya du'a Ema, abadi, salawasna.
Ema nyaah ka hidep, salamina."
Tangis Jaka peupeus. Surat éta ngadégdég dina pananganana, baseuh ku cimatana sorangan. Anjeunna hoyong lumpat nangkeup tuang Iu, tapi anu nyesa ngan ukur aksara-aksara anu cicing.
Tatangga anu nangtung di lawang panto nyarios lalaunan, “Parantos, Ujang. Piceun rasa kaduhung anjeun… Tuang Iu anjeun pasti sedih upami ningali hidep sapertos kieu.” Nanging Jaka terang, rasa kaduhung éta moal pernah pareum.
Surat lusuh éta ayeuna janten pusara kadua: pusara kecap-kecap, pusara du’a, pusara asih nu teu sempet dibales ku anjeunna. Tur di jero rorompok kolot éta, Jaka ngan ukur tiasa sideku, neuteup mangsi anu mimiti pudar, bari ngaharéwos sora parau,
“Ma… Jaka mulih…”
Raisa Az